Tos-tos, ah, ulah janten kapapanjangan. Bisi ditarurutan ku nu ngarora, misal abdi.
Kang Agus: Sanes bade nyanyahoanan, tapi alesan kang Deni "nyaring" saha wae anu tiasa daftar ka www.urangsunda.net kahartos pisan. Penjahat tukang nyepam teh acan tiasa teratasi bahkan ku Yahoo atanapi Gmail. Sok we tingali, "Bulk Mail" sareng label "Spam" unggal dinten pasti nambihan eusina. Ku margi kitu, daripada janten korban spam atanapi dimangpaatkeun ku si tukang nyepam, kang Deni kersaeun moderasi manual. Kanggo kasaean urang sadaya ieuh. Kang Deni: Sigana usul supados peringatan moderasi manual ieu diserat oge di www.urangsunda.net sae oge. Upami ningali posting di milis ieu nu amit2 (tara kabaca kabeh), kahartos pisan upami aya surelek anu kalangkung. Da tukang maca surelek juga manusia, pasti aya bongohna. Sareng deuih diperjelas we dina peringatan eta alesan kunaon diterapkeun penyaringan ieu. Tos, ah. > --- In [email protected], Agus Pakusarakan > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --di cut ah, panjang tuda-- -- ``No signature found.'' <idud>

