aeh muhun punten, lepat...anu leres mah Rp. 5000. Nuhun
On 2/12/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
lima rebu tapi lima puluh rebu ? kade tong seueur teuing enol-na -dul- --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "K7/P1" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sakaterang abdi mah teu acan aya pami di Banten mah, > Pami akang kersa janten agen mangga pisan, eta nu dipikahoyong, he....he... > > Pangaos di bogor dina edisi kahiji Rp. 50000 > > On 2/12/07, Jalak Banten <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > ngiring bingah ka urang bogor anu tos ngaluarkeun majalah sunda tong > > he love di guar oge urang sunda di wilayah banten. agen majalah "balebat" di > > wilayah banten tos aya acan? > > sabaraha pangaosna per edisi..? > > > > nuhun > > JB > > > > *-------Original Message-------* > > > > *From:* [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> > > *Date:* 02/10/07 12:01:58 > > *To:* Kusnet <[email protected]<urangsunda%40yahoogroups.com> > > > *Cc:* Kisunda <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>>; [EMAIL PROTECTED] <wargikarawang%40yahoogroups.com>; > > [EMAIL PROTECTED] <wargipurwakarta%40yahoogroups.com>; [EMAIL PROTECTED] <tasik%40yahoogroups.com>; > > [EMAIL PROTECTED] <gankleboy%40yahoogroups.com> > > *Subject:* [Urang Sunda] Majalah Sunda "Balebat" > > > > > > Para wargi sadaya, > > > > Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae di kantor, > > kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade maparin majalah > > Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina tasna. Leuh enya > > wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen sakeudeung deui > > baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta - Bogor, > > majalah "Balebat" aranna. > > > > Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu dumuk di Bogor > > jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu ngurusna, sakumaha > > dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. Asatari > > (pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra M. Astari, > > Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan redaksi), Bagus > > Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun kahiji ieu malah > > Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu judulna: "Kusnet: > > Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae anu dijungjung > > jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007. > > > > Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu alamatna di Jl Raya > > Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 kalawan tlpn- na: > > 0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek: > > [EMAIL PROTECTED] <balebat%40balebat.zzn.com>. Anu ngarojong salaku > > supporter pedalan kahiji > > ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana nu Kang Eko > > yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri Sundapura, RPC 95,3 FM > > 846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya Hanjuang Bodas, > > sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya). > > > > Baraya, > > > > Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan leuwih ipis. > > Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan gedena huruf > > sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca munggaran nepi ka > > panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): Lawang > > Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), Mata Holang > > ("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster Ramatloka > > Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas ("Awal Ayana > > Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat Rohaedi), Carita > > Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), Paribasa, Angkulung > > Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), Pelesiran ("Curug > > Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir Eurih"--wah mantab > > eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale Paniisan > > ("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti model 4S), jeung > > Cahaya Syiar. > > > > --- > > Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana karya media > > citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing saha bae warga > > Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang seratna kanggo > > "Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: Wilujeng ka > > dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos ngalengkah dina > > usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. Hatur nuhun ka > > Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung ku jinisna. > > > > baktos, > > manAR > > > > > > > > > > <http://www.incredimail.com/index.asp?id=409&lang=9> > > > > > > > > -- > ::ri_1:: > Hompage : http://inawan.blogspot.com > http://inawan.blogs.friendster.com > Mobile : +62-818-109410 > www.urang-sunda.or.id. > su.wikipedia.org > [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> > [EMAIL PROTECTED] <tasik%40yahoogroups.com> > urangtasik.multiply.com > inawan.multiply.com >
-- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

