Sapuk lah.. satuju pisan.. leuwih sangsara dijajah ku bangsa sorangan geuning.
Lain, ari mindahkeun ibukota hukumna naon nya? aya teu undang-undangna? jigana moal pihadeeun lamun ibukota tetep di jakarta, lamun jakarta deui jakarta deui nu jadi kiblat. da geuning ari nungguan percepatan pembangunan kota sejen, utamana anu di wetan, asa moal bisa ngudag jakarta, sanajan lemahna sorangan boga tambang emas -- angger we dikeduk ku urang jakarta (baca: ibukota). cobi geura lamun pusat pamarentahan dialihkeun ka papua misalna, meureun dina --misalna-- kahirupan sapopoe moal aya dialog model kieu: x : "kumaha hp kuring, geus beres?" y : "tacan kang, kapan garansi, tos dikintunkeun ka pusatna" x : "di papua?" y : "muhun, da pami di dieu mah spare-partna sesah, kedah ka papua" heuheuheu.. hudang ah.. ngimpina kalilaan.. iwan guragirukamasigitreknakolbeduglohortiluwarna ----- Original Message ----- From: ika mardiah To: [email protected] Sent: Tuesday, February 13, 2007 11:44 AM Subject: Re: [Urang Sunda] keur mang jamal Heuheuheu.....jiagana kudu dijajah deui meureun Mang. Ngan cenah teu aya nu daekeun ngajajah ayeuna mah bangsa deungeun teh, lantaran matak lieur ngajajah urang mah, jeung keun bae cenah da geus diajajah ku bangsana sorangan. -ika- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: tapi walanda tea jago cai, sabab lemburna dpl na minus. di batavia oge diwangun kanal kanggo ngalirkeun cai banjir malah oge diwangun situ pikeun cai parkir. tapi beuki deui, ku bangsa urang, dikurangan, disaeur pikeun paimahan. da jadi bangsa merdeka tea sigana. bebas rek kitu rek kieu. heuheu. mj http://geocities.com/mangjamal TV dinner still cooling? Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.

