Panjang atawa pondok mah teu patos penting, anu paling penting mah lilana...

Yudi
  -----Original Message-----
  From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Jalak Banten
  Sent: Tuesday, February 13, 2007 9:43 AM
  To: [email protected]
  Subject: Re: [Urang Sunda] Nu Pondok matak nyogok, nu panjang matak nyugak


        lamun make bahasa indonesia mah siga kieu:
        "demikian sambutan dari saya tidak panjang lebar karena kalau
kepanjangan kasihan ibu-ibu kalau kelebaran kasihan bapak-bapak" kitu
meureun...hehehe..

        jb

        -------Original Message-------

        From: [email protected]
        Date: 02/12/07 20:00:15
        To: [email protected]
        Subject: Re: [Urang Sunda] Nu Pondok matak nyogok, nu panjang matak
nyugak

        pondok nyogok
        panjang nyugak

        atawa

        pondok jadi orok
        panjang jadi budak



        On 2/12/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
        rek nyanyahoanan kang, sugan bener. sakanyaho we nya? haha
        murwakanti.. asal tina dua kecap, purwa nu hartina tungtung, kanti
nu hartina sora. murwakanti hartina tungtung sorana sarua.

        pondok nyogok
        panjang nyugak

        padalisan (baris) kahiji sarua ditungtungan ku sora 'o', sedeng
padalisan kadua sora tungtungna 'a'. tah dua padalisan ieu mah cenah has
pisan murwakanti sajak sunda. sabab nu murwakanti aya dina pada nu sarua.
purwakanti sarupa kieu loba pisan dina pantun (cenah). sedengkeun lamun dina
sajak-sajak nu aya pangaruh ti luar, purwakanti leuwih nyoko ka sora
tungtung padalisan nu sarua.

        sugan,
        dh



        On 2/12/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

        Bade tumaros, manawi aya para wargi anu lenggah manah masihan
piwuruk ka sim kuring anu nuju di ajar basa sunda.

        <patarosan>
        Anu disebat murwakanti teh anu kumaha..?
        Nu kieu kitu..
        Sok aya tah dina panutupan pidato teh di pungkas ku kalimah ieu..

        Hapunten nya simkuring, sok bilih aya carionsan sim kuring "anu
pondok matak nyogok, anu panjang matak matak nyugak"

        Naha.. ari celengkeung teh aya hadirin aya anu ngagorowok, "Kacugak
ku naon atuh kang....?"
        Kapaksa we ku sim kuring teh diwaler, "eta..jang, akang teh kacugak
ku gantar".
        Ger... atuh hadirin teh pada gumujeng, aya anu ngaledek..aya anu
meureun dina hatenateh..waah lucu euy..

        Janten naon atuh ari murwakanti teh, naha sah dina bahasa sunda
ngaruntuy kecap supados raos di dangu nangin ngarobah hartosna..?
        Eta teh kalebet kana seni kitu...?

        Hatur nuhu..
        Yudi



        ,___



        --
        ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
        :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:









  

Attachment: IMSTP.gif
Description: GIF image

Kirim email ke