Ke antosan nya dua taun mah. Ayeuna keur ngeureuyeuh nyicil meulian buku2na
heula. nu diheulakeun buku2 pikeun hiji SD di Karawang, jeung pabukon
Pameungpeuk Garut.

 

Calon Pabukon tasik lemburna ceu-Pupi-ambuna-cep-Bagja, oge Cipaku Ciamis
sementara asup ka daptar tunggu.

 

 

----------

ngadon ngahaja mulang geuningan sono kanu janteun Punbiang di Ciamis desa
Cieurih tepatnamah kuring mawa oleh2 ti Bandung, lain peuyeum, lain baju.
tapi kuring mawa oleh2 buku bacaan keur Neng Tina jeung Jang Sahrul
(Adikuring) dasar budak keur memejeuhna hoyong terang sagala hal brak eta
buku bacaan barudak teh di embrakeun di ruangan keluarga etamah bangun nu
atoh tuluy ngajak rerencanganna tur di baca babarengan bari pagetreng ma'lum
bukuna ngan aya tilu...tapi jep we rehe ari geus nitenan eusining buku mah.
' cing gentosan neng Novi ceuk neng Tina.. keheula novi da abi oge teacan
rengse antosannya sakedapdeui" ngupingkeun obrolanana tur nitenan cariosana
manehna reseup maca oleh-oleh teh..teu hanjakal keun ke sugan-jeung sugan
kuring nyandak oleh-oleh buku numuceukil ngarah barudak melek baca di
kampung aya nu ngaos ieu carita teras kagungan buku carita anak
mangrupi-rupi abi meryogikeun geuningan di kampungkuring minat baca anak
begitu besar *tjeuk bahasa nasional mah* 

    tah abi teh ku MJ di tawisan ngadamel perpustakaan tos di daptarkeun
nuju ngantosan tur diangkeun-angkeun pisan ngarah urang sunda apaleun
budayana tur jembar pangarti....pikeun bekeul ngawangun ieu negri..

 

Rachmat Abdillah

Lembur Cieurih Nupikabetaheun....

[EMAIL PROTECTED]

Kirim email ke