bulan kamari, kabeneran kuring milu dina hiji riungan, di lembaga atikan, di
nagri tatangga. eta lembaga atikan teh, rek ngayakeun program gawe bareng
jeung hiji institusi atikan di inggris, program kembaran. salah sahiji poin
nu ditepikeun, perkara basa panganteur. lembaga lokal netelakeun yen cenah
lembagana geus boga tekad rek make basa inggris salaku bahasa pangateur.
kumaha komentar urang inggris? aneh cenah. di lembur urang inggris justru
kiwari keur kampanyeu multibasa pikeun basa panganteur institusi akademis.
ari di asia, nu nyata-nyata realitana multibasa, kalahka rek make bahasa
tunggal. lieur nya. urang salawasna jiga nu 'katinggaleun kareta'. hahaha.
(mh)

On 2/14/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  nu dimasalahkeun teh eusi sumpah pamuda nu asa sangeunahna dioprek.
sumpah pamuda nu asalna hiji nusa, hiji bangsa nu dihijikeun ku basa
indonesia, di rubah jadi hiji nusa hiji bangsa nu boga hiji basa nyaeta basa
indonesia.

nusa indonesia, bangsa indonesia, bahasa indonesia nu ngahijikeun 700 basa
bangsa lianna. cobi geura bah baca artikel pa Dr nu di waspada online,
manehna pan ngajejeleh urang cina nu ngomong cina di kantor di pasar, make
nuduh teu indonesia.

On 2/14/07, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Beda kontekna atuh Bangsa Sunda (hartos na Etnis) oge
> Bangsa Indonesia (Demogrrafis Kanagaraan) wajib
> ngamumule Bahasa Persatuan nyaeta Bahasa Indonesia.
> Dina kontek anu kadua sebage penduduk Regional Etnis
> Sunda (Archeo) wajib ngamulule Basa Sunda sebage
> Bahasa Persatuan Urang Sunda...Kitu...lin ?
>
> --- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]<dudi.herlianto%40gmail.com>>
> wrote:
>
> > haturan baraya,
>
> >
> > dh
> > --
> > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> > :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> >
>
> __________________________________________________________
> Want to start your own business?
> Learn how on Yahoo! Small Business.
> http://smallbusiness.yahoo.com/r-index
>



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Kirim email ke