Kamari isuk naek angkot, di angkot eta supir nyetel lagu sunda doel sumbang, mimita lagu ngenaan sumedang, lajeng lagu nu lirikna kieu "bobogohan jeung...15 taun, urang...." ngan hanjakal teu apal kadituna, ngadagoan lagu "weureu" teu aya keneh bae, rupina teu aya dina kasetna, ngan kuring mah rada apal ka eta lagu, kieu meureun lirikna : "kabogoh kuring nu kamari, calon sarjana ekonomi geulisna ka wanti wanti lamun leumpang ngageboy meri indungna guru ngaji, ngan bapana nyadu pisan judi ngadu hayam ngadu domba rumpakna beak sagala rupa bogoh mah bogoh tapi weureu menuining putus tibatan weureu" tah kanu gaduh lagu eta pang japrikeun ka kuring
____________________________________________________________________________________ It's here! Your new message! Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar. http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/

