Ti keur budak, sim kuring sok ngabandungan para sepuh ngadu bako. Eta kecap "Bandung heurin ku tangtung", nya kana 60 taun kapengker eta itu. . Ngan pedah keur budak tea, teu pati ngarti naon hartosna.
Nya geuning ayeuna eta cacariosan para sepuh bet kajadian. Nya mun urang sebrang nyaba ka Tatar Sunda, terus teu balik deui katempat asalna, nya kaharti we. Pan cai nu cur cor, para mojang anu amis budi, ngagelenyu, jeung komo mun bahenol nerkom deuih!! Nu euweuh di tempat asal marenahanana. Nu aya ge eta raray nu segi-lima, jiga di Sabrang di Palembang tea. Oge jang para pameget Sunda pituin, mun resep ka istri, ulah disalahkeun. Ayeuna kaharti na kunaon geuning eta "Dai Kondang" teu cekap ku hiji. Cobi wae ditingali, meh kecap-kecap Basa Sunda, ngingetkeun ka istri. Jiga kecap-kecap. Susumputan, susulapan,sususlan,susuguhan,susumpitan, susuruput, susuganan,susukaan,susuk,susumpahan,susumbar,susuratan,susuruduk.. Geus kitu ditambahan, ku kecap-kecap...tangkil, bungkil, kutil, tilil, cukil, martil, dsst. Aya...aya ..wae.., nya ! Abah Joe --------------------------------- Get your own web address. Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.

