hehe ah.. der we.. koma nu garuduh lalakon,
kuayana iyeu kurang bisa narik kasimpulan 
kumaha jeung kumahana..
tapi iyeu kasimpulan moal di pedar 
keun we cukup kuring... jeng dulur2 kusnet nu sapamikiran jeung kuring...
da' geuning kalah disungkun... bae we lah...

rumas jelma nganggur teu boga naon2 mah serba salah... (emang gw fikiran - ceuk 
kang deni mah)
cicing salah majar naha lain nanya atuh..
protes salah... majar kalah nuduh da' lain nuduh nanya eta mah
nya mun teu rumas ulah ambek kitu we..
mun ambek nya teuing.. eta mah....

heheheh......


K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: He....he....
  
 rame geuningan? hi...hi...
  
 Abdi mah mangga nyanggakeun sadaya2 ka para saderek, rumaos teu tiasa 
ngabantos, kapungkur kantos di toel ku Kang Deny kanggo ngabantos proses 
migrasi data, saur abdi teh punten pisan teu tiasa ngabntos jalaran koneksi 
internetna oge duh mani watir. Katambih2 ayeuna mah nuju seueur ku padamelan 
anu sanesna anu lumayan matak nyeepkeun emutan.  
  
 Nya intina mah urang silih hargaan we...atuh pami kakang Prabu bade 
ngabantosan, mangga kantun nalipun kang deny, he....he...Kade we Nyi Ratuna oge 
ajakan, hi....hi...
  
 Salam baktosna we nya Kakang Prabu oge Kang Deny kanggo kulawargi.
  
 Baktos,
 Runa Inawan - Bogor

 
 On 2/14/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      Wa'alaikumsalaam w. w.

Kang Agus, kuring mah bet jadi bingung nyanghareupan tulisan anjeun ieu teh, 
euy. Judulna wae geus kitu... Nanaonan ieu teh?

Kela... kudu dimimitian ti mana nya ieu teh... Oh, enya. Kahijina mah hampura 
bae, bisi jawaban ieu telat. Alesanana mah 'klasik', sibuk ku pigaweeun, teu 
kaburu 'puar-pair' tulisan anu daria. Ieu ge keur jangar pisan sabenerna mah, 
tapi ngarasa wajib mairan, pedah bae kasebut salaku kuncen, boh di milis atawa 
di lokana kusnet.  

Nyambung hoghag anjeun jeung Kang Deni dina judul obrolan anu sejen, kuring 
pribadi ngarasa kuciwa kana panyangka & tuduhan Kang Agus, komo deui tetela yen 
panyangka kitu teh dasarna ukur kateunyaho kumaha jujutanana eta loka pindah 
imah & ganti rupa nepi ka jadi bentukna anu kiwari. Ku kituna mah Kang Deni 
wajar ambek. Manehna teh geus hese cape ngurus loka, padahal pigaweeun di 
kantorna ge sakitu metungna, kalah dituduh nu lian2.  

Ayeuna kuring rek ngajawab sababaraha patarosan anjeun di handap, mangga 
regepkeun...

1. datasbase nu website urang-sunda. or.id baheula aya keneh?
> aya keneh, disimpen & diamankeun ku Kang Deni.

2. naha diversi anyar wargi-wargi urang teu tiasa daftar kitu? atawas tos nutup 
panto pikeun wargi sunda nu hoyong ngeusi kana rohangan? 
> tiasa pisan, ngan keur dipilihan keneh kumaha format anu panghadena pikeun 
> ngawadahan 'wargi kusnet' sakumaha anu kungsi aya di loka anu heubeul. 

3. cing naon wae syaratna hayang jadi wargi kusnet? 
> euweuh sarat nanaon, asal puguh bae kahayangna

4. pernah ngadangu ti salah sahijikuncen ceunah ayeuna mah mun hayang bisa asup 
kana situs bagian asup keun lalandihan jeung sandi kudu laporan heula ka kuncen 
terus ku kunci di pilih cocok hanteuna jadi pengeusi eta situs? 
> di mana2 ge surang-saring mah wajar bae, ngarah teu dimangpaatkeun ku nu teu 
> pararuguh. Lain cocog hanteuna, tapi motivasina hade atawa henteu.

5. naha engke lila milis oge bakal kitu? nu bisa ngirim e-mail ukur jalmai2 anu 
kasohor anu pinter anu luhung anu balager?  
> patarosan ieu mah kabina2, Juragan! TI baheula ge sarat posting di milis mah 
> teu kungsi robah. jeung deuih kuring mah asa teu wawuh jeung kategorisasi 
> anggota kasohor/luhung vs cacah kuricakan, anggota pinter vs bodo, anggota 
> bageur vs bangor. kabehanana ge sarua.  

6. mun ciga web aya kaayan kusnet kiwari lila kusnet teh exlusif euy.. lain 
keur urang sunda tapi keur sababara urang sunda nu pinter, nu bageur nu boga 
duit jeung sajabana
> nyambung nu nomer lima di luhur, patarosan/tuduhan ieu mah teu aya dasarna. 

ah seueur keneh pertarosan2 sanesna mung da' hoream lain suujon teu mentang 
jawaban, da' bogana tos disuujonan sieun web dieusian kunu teu bener
> peta kitu teh lain suudon, Juragan. Eta mah ajas kawaspadaan, ngarah teu 
> dimangpaatkeun ku nu lain2. Nu kieu mah geus galib di mamana ge... ulah sok 
> ge'eran asa dituduh kitu atuh... 

atukna mah... teuing kumaha keur kuring sorangan ngara kuciwa euy.. kuayana 
kitu.. bujeung hayang ninggal database dulur2 urang di web kusnet ciga baheula 
ayeuna mah hayang nempo atawa menerkeun data sorangan oge teu bisa 
teuing dumeh peraturan tinu gaduh hosting kitu? atawa kumaha
lieur atukna mah...
> hampura, Juragan... ngaropea loka anyar teh teu acan rengse, kuncenna nuju 
> saribuk. Kudu ngarti atuh, ulah kalah nuduh nu aneh2... 

lain belik lain hoream gan jadi kumaha nya' hese nomongna...
moal maju jeng moal sauyunan we urang sunda ari kieu mah...
> lah aing mah... los2 kana urang sunda moal sauyunan... ngadegna loka kusnet 
> teh justru hasil tina lampah sauyunan, rereongan, rempug jukung, atawa naon 
> bae basana. Aya anu sumbang tanaga & waktu, aya nu sumbang usulan, aya nu 
> ukur lalajo, teu aya masalah. da dasarna ge sukarela, saridona, moal dibere 
> duit atawa kalpataru... Mun boga usul, pek usul. salila usulanana hade mah 
> tangtu moal ditolak. ngan, lain harti usulan nu ditampa teh terus prak 
> dipigawe, da kudu ngarti oge yen kuncen teh salingkuh, ngandelkeun waktu 
> kosong dina sela2 kasibukan sewang2an... jeung kuncen ge can tangtu bisa 
> migawena, matak salawasna butuh dibantuan ku nu sejen ge... atawa rek 
> sakalian jadi kuncen sakalian, mangga teh teuing... dibageakeun pisan...  

sikandar


 




-- 
::ri_1::
Hompage :  http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
 www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED] 
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com  


----------------------------------------------------------------------------------
 
AGUS PAKUSARAKAN 
+62 81283 776 62  / +62 81806170432
----------------------------------------------------------------------------------
UWJ | Azzoman | Abu Hafizh | Pakusarakan
----------------------------------------------------------------------------------

KAS I USAHA | FINGERPRINT | SOFTWARE | MultiJasa
-----------------------------------------------------------------------------------
 



 
---------------------------------
The fish are biting.
 Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.

Kirim email ke