.................. Nempo lalaki teu dibaraju jeung digarawe kasar ......bisa wae disangka "budak belian" siga di Eropa / Timur Tengah di jaman manehna. .....................
Nya sigana mah kitu malah mah kamari-mari keneh (eta ge jaman aki kuring) ............ aya potona .... ngan teuing dimana ayeuna Kuli - kuli teh lamun neangan dunungan teh caringogo di pasar ngajajar siga nu didagangkeun, aya nu mawa alat-alat aya oge nu lengoh cenah mah titahan tuan-tuan walanda anu butuh tanaga teh tinggal ka pasar ngomong ka "koordinatorna" butuh sabaraha tanaga keur sabaraha poe ... eta ge sarua bajuna teh ngan alakadarna malah loba anu buligir (lain taranjangnya!) padahal geus taun 1900 an firman On 2/16/07, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> From: Asep Hadiyana > Upami aya kalepatan warta dina éta salinan naskah, aya sababaraha > kamungkinan. Anu kahiji, tiasa waé Tomé Pires anu > lepat nyerat. Anu > kadua, tiasa ogé Tomé Pires anu ngarékayasa kanggo sahiji tujuan. Anu > katilu, aya kalepatan dina nyalin > naskah asli. Anu kaopat, mungkin waé > aya rékayasa dina naskah salinannana. Kang Asep, nu jelas mah Tom Pires sanes ahli elmu pangaweruh siga ayeuna, manehna ukur petualang Protugis nu niatna dagang. Maklum deuih jaman baheula. Jadi tangtos wae tempoan manehna "bias" jeung kasang-tukangna nu urang Eropa. Nempo lalaki teu dibaraju jeung digarawe kasar ......bisa wae disangka "budak belian" siga di Eropa / Timur Tengah di jaman manehna. Nempo awewe loba, terus ukur dikemben wungkul, tangtu we mikirna teh nu lain-lain. Urang Eropa jaman harita, lamun teu salah, pinuh ku niley-niley nu ceuk maranehna "luhur" .... awewe make baju randudut, buni saawak-awak. Malah cenah kadieunakeun di abad ka 19, suku meja jeung suku ranjang oge kudu ditutupan, sabab porno ( Gaya Victorian) ....hehehehe. Tapi, sapertos nu disebat Kang Asep, tulisan Tom Pires teh sumber sajarah sanes sajarah nu geus dianggap bener. Sumber sajarah kedah dikritisi deui ..... teu tiasa kitu wae sagemblengna dipercaya. Baktos, WALUYA

