Ngiring ngadongeng... Emut waktos taun 80-an pun adi ngalih ka Wado teh SD keneh. Harita panyakit DB teu acan mahabu ciga ayeuna. Dina hiji waktos anjeuna kenging pelajaran IPA ti guruna. Uih sakola teh gumujeng wae*"Ari maneh titatadi ngan seuseurian wae, aya naon?" saur abdi. "Teu, Ceu ni bodor pisan, tadi di sakola Pa Guru nerangkeun reungit Demam Berdarah teh disebutna "reungit menak" da ayana di tempat bersih*hahaha*kena-kena bersih*menak we disebutna*"
Benten deui kamari nyariosna pun adi teh, "Urang kudu taki-taki ayeunamah beuki loba nu keuna DB. Reungit eta teh kaluarna ti jam 8 isuk nepi ka jam 3 sore". Ari saur abdi teh,"Naaa*atuh lain reungit menak deui ayeunamah nya? Tapi reungit PNS da ngegelna sarua jeung jam gawe PNS heheh*" Taun kamari, pun adi & pun alo di Jawa Timur katarajang DB, nu gawat mah pun alo, trombositna mung 8.000, atina keuna. Meuni tos teu puguh rupa*ampir-ampiran, lami pisan damangna ge. Saleuheung jalmi tos rada ageung atanapi sepuh gampil di piwarang ngaleueut teh, murangkalih mah hese pisan. Kantos ngadangu ceramah ti dokter, ngawartosan yen seueur sepuh nu "panik" mayunan panyawat ieu, komo ka murangkalih. Hantem we murangkalih nu alit keneh dipiwarang eueut dugi ka didedet-dedet. Atuh puguh sanes damang kalahka pupus lantaran seueur teuing eueut, eungapeun & bayahna kakeueum. Panyeepan sasih Januari kamari aya tatanggi payuneun bumi pupus ku DB, disangki dokter nyeri lambung/mag *.eh, kalahka dipiwarang saum. Ciciren nu sami kasawat ku pun adi nu bungsu , uah-uih we ka cai, rarayna beureum asak, panasna diukur ku termometer ampir 40! * langsung lebet UGD disangkina usus buntu. Naa*ari dokter loba nu asbun?! Ah, langsung we ka Lab kunyalira, ari pek teh trombositna mung 75.000. Yakin DB, nembe rawat inap. "Ceu, trombosit ayeuna 13.000, tereh deukeut euy!" lebet SMS ti pun adi enjing2 waktos bade ka kantor, da teu aya nu tunggon di RS. Atuh beuki teu pararuguh we*emutan teh tos kanu pupus *teras dileueutan jus jambu batu & Pocarisweat naekna lami pisan. Kaleresan rerencangan kantor aya nu ngawartosan nganggo obat Cina (punten sanes promosi ieu mah, meungpeung Imlekan yeuh* heheh) teh Angkak & tablet Leucogen meser di toko obat Cina, dileueut 2 jam saparantos obat dokter. Nyaan etamah naekna tereh pisan mung 2 dinten ti 29.000 ka 59.000 naek deui 129.000 Alhamdulillah*nuhun Gusti! ro2 mugiamangpaat >>> [EMAIL PROTECTED] 02/17/07 07:18AM >>> Elita Estrela (25), pernah menggunakan ramuan ini pada tahun 2004, setelah ia dirawat selama seminggu di Rumah Sakit Cibabat, Bandung. Hari ketiga dirawat di rumah sakit, trombositnya tinggal sekitar 30.000 per milimeter kubik darah. Saat itu, ibunya langsung mencari pertolongan lain. "Kami mendapat informasi ramuan pepaya, temulawak, meniran, dan gula merah bisa menyembuhkan," kata Elita. (Y09)

