GK for Governor?
   
  GK di dieu lain Ginanjar Kartasasmita. Komo Gerilyawan Kota atawa Gajah 
Kumincir mah. Tapi, Ganjar Kurnia. Hiji di antara ihwan Kusnet, malah inohong 
Sunda, nu ku kuring dipikareueus – bari tangtuna, salaku somah, teu eureun nepi 
ka reueus, tapi aya pangharepan: Bisa ngilu ngomean kaayaan nu can nyugemakeun 
(pisan). Kukituna, nyambung ”sawala” ngeunaan Gubernur Jabar kahareup: Asa 
merenah mun GK jadi  pamilonna. 
   
  Aya sawatara alesan  ku naon GK pantes disodorkeun salaku Gubernur. Paling 
heunteu, pakait jeung kareueus kuring tadi. Naha kareueus kuring eta 
signifikan, atawa aya pakaitna pisan, jeung kalungguhan atawa pamilihan 
Gubernur Jabar? Tangtu bae can karuhan. Tapi, paduli teuing, rek signifikan rek 
heunteu ge. Kuma kuring, we... (“Kuring nu ngacapruk, na di dinya kudu make 
protes?,” ceuk si Jay, bari ngabalangkeun korong ka walungan – da korongna nepi 
ka sakarung).
   
  Ongkoh ieu mah susuganan bae. Da dina prakna mah lain kuring nu nangtukeun – 
komo si Jay mah. Tapi, karep jinisna, Golkar, PKS, Paguyuban Pasundan, 
manajemen kampanye, elit Jawa Barat, rahayat Jawa Barat jeung...Gusti Allah. YP 
atawa Kusnet? Sigana mah can bisa ngusulkeun-ngusulkeun acan. Da, sibuk ku 
urusan sewang-sewangan jeung ngome... korong. Teuing pamilihan nu pageto mah. 
Sigana YP-Kusnet geus leuwih sawawa, nepi ka sanajan ukur yayasan, nu basisna 
milis, lain ormas lain partai politik, tapi miboga wibawa atawa pangaruh dina 
widang politik – lian ti miboga wibawa nu sarua dina widang kabudayaan jeung 
sosial-ekonomi.
   
  Demi kareueus kuring ka GK, meh sarua jeung kareueus kuring ka MJ: Sagala 
bisa. Masagi tea meureun pibasaeunnana mah. Coba bae: Nyukcruk elmu tatanen 
nepi ka digelar DR, tapi tapis medar perkara tutungkusan budaya Sunda. Kituna 
teh lain ukur medar dina harti nyarita. Tapi, jeung prak. Mun urang nyaliksik 
kamekaran sawatara kasenian Sunda, anjeunna salah saurang inohong nu kudu 
kasebat. Naha salaku seniman praktisi, pemikir, atawa organisator. Teu aneh mun 
anjeunna nepi ka dibenum janten Direktur Lembaga Kebudayaan UNPAD teh. Aya 
dasar, aya tatapakannana.
   
  Sanajan teu wanoh kana enas-enasna (Daek beunghar, ieu kecap meunang mulung 
ti Ua Sas, teuing merenah teuing hanteu dilarapkeun di dinya. Dipake teh pedah 
bae ngeunah kadengena, sanajan maksud kuring ”enas” di dinya teh ”rincian” 
atawa rincikannana ngeunaan naon nu dipigawe ku GK salaku Direktur eta 
lembaga), tapi aya sawatara nu katohyan ku panon sorangan. Di antarana 
inventarisasi kasenian Sunda kiwari. Mun teu salah gawe bareng jeung Disbudpar 
Jabar. Malah, panalungtikan nu sipatna deskriptip teh (Nepi ka judulna ge, mun 
teu salah, Deskripsi Kasenian Sunda) diterbitkeunnana ku Disbudpar Jabar. Dalah 
kuring kungsi meunang eta buku ge nya ti urang Disbudpar. Ngan, teuing dipaok 
ku saha – bari kuring ukur kungsi nyekel, mukaan, teu kungsi maca eusina. Komo 
bari leleb mah.
   
  Keur kuring, eta panalungtikan teh penting kacida. Lain bae bisa 
ngabandingkeun hasilna jeung naon nu kungsi dilakukan ku Pa Enoch dua dekade 
katukang, atawa sawatara monografi nu diterbitkeun ku Dirjen Kasenian, Dinas 
Kasenian, atawa ukur tulisan dina sawatara majalah. Tapi, bisa jadi titincakan 
pikeun mekarkeun (atawa numpurkeun pisan) kasenian Sunda ka hareup. Bari teu 
ukur diwawaas – siga pangacaprukan ieu. Da puguh jujutannana, puguh angka, 
puguh bangkarakna. Bubuhan didamel ku ahlina. Sanajan, bisa jadi, aya kasenian 
atawa aspek-aspek nu teu katoel. Boh ku konsep jeung metodelogina, atawa ku 
kasamporetan nu aya dina prak-prakannana. Ngaranna ge hasil gawe manusa. Moal 
aya nu sampurna. (Da sampurna mah merek roko jeung ngaran hotel). Ngan, ku 
toongan harita, eta panalungtikan teh kawilang reumbeuy. ”Komprehensif,” ceuk 
budak Makassar, master ti New Zealand, nu harita milu mukaan eta buku. 
   
  Intina, GK teh geus mere andil kana kamekaran kabudayaan Sunda. Kituna teh 
bari jeung nyakola – luyu jeung profesi atawa ”kawajibannana” salaku akademisi 
di hiji nagara nu masih keneh anti-akademis, mun lain jumud atawa ukur gagayaan 
ge. Paling heunteu, nambut kasauran Pa Erry, masih kudu disanghareupan ku 
”tawakal”. (Basa nampa eta SMS, kuring sorangan rada ngahuleung. Teu ngarti: Nu 
kumaha ari ”tawakal” teh? Sakanyaho, eta teh aran salah sahiji jalan di 
wewengkon Sukajadi, Bandung. Oge, mun teu salah, ngaran beus Bandung-Cirebon. 
Kadieunakeun, ngaran captain di hiji restoran hotel leutik di Tawao, Sabah).
   
   
   


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.

Kirim email ke