Waktos kapungkur kuliah di ITB, rerencangan kantos ngajak gabung sareng Damas. 
Ku abdi ditaroskeun naon ari Damas teh. Diwaler ku anjeun na yen Damas teh 
singektan tina Daya Mahasiswa Sunda, mangrupikeun organisasi mahasiswa Sunda 
anu maksadna ngamumule budaya Sunda. Abdi waktos harita nolak kumargi ngaraos 
jalmi henteu tiasa gaul.
   
  Kamari abdi mudik ka Bandung, ngahaja milarian kaset tembang Sunda Cianjuran. 
Kenging seueur tah; salah sawiosna album Lembur Kuring anu juru kawihna Ani 
Sukmawati. Dina sampul kaset eta teh aya tulisan Ani Sukmawati Juara I 
Pasanggiri Tembang Sunda Damas 2004. Janten maksad abdi, pasanggiri the sanes 
manggung tapi janten panitia lomba kajuaraan tembang Sunda.
   
  Salam,
   
  Asep
   


Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Asana mah DAMAS (Daya Mahasiswa 
Sunda) tara nabeuh da ...
duka ari aya DAMAS anu lain mah ..





  On 2/19/07, Asep Hadiyana < [EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Damas singektan tina Daya Mahasiswa Sunda, pakempelan mahasiswa Sunda sareng 
alumnina anu gaduh tujuan ngalastarikeun budaya Sunda. Damas sering ngayakeun 
pasanggiri tembang Sunda Cianjuran (jigana na mah taunan). Sim kuring ngan 
terang sakitu. 
   
  Salam,
  Asep

awin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Baraya's
  Aya nu terang/pernah ngadangu upami di wewengkon sunda ka nu namina grup 
DAMAS?? Iyeu tehh grup naon nya, naha grup nyanyi/sinden, kendang, calung 
atanapi naon nya??? Pedah aya kenalan urang ciamis (tos langkung ti 30 tahun di 
jakarta) anjeunna sok nyebat nyebat pami aya kekempelan ur-sun bade nanggap 
grup damas, abdi mah ngan angguk-anggukan teu ngartos, hehe…ahtur nuhun, di 
antos walerannana 
  Wass
  awin
  
  

  



  
  
---------------------------------
  No need to miss a message. Get email on-the-go 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.  
  






  

         

 
---------------------------------
TV dinner still cooling?
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.

Kirim email ke