Damas singgetan tina Daya Mahasiswa Sunda. Hiji organisasi kamahasiswaan anu 
diadegkeun kaping 14 Oktober taun 1956. Dina Ugeran Dasar (Anggaran Dasar) 
disebatkeun yen tujuan Damas teh nyaeta "Ngangkat Harkat Darajat Ki Sunda 
pikeun Kajembaran Indonesia". Suluk na (Motto) : "Elmu Luhung Kasakti Diri". 
Janten Damas teh sanes organisasi kasenian. Kasenian mah mung salah sawios 
widang garapan dina raraga ngangkat harkat darajat ki sunda tea. Upami hoyong 
uninga langkung leleb ngeunaan Damas, tiasa diaos sajarahna "Kasang Tukang 
Damas Tandang". Sekretariatna di Jl. Lengkong Besar 67.
  Nuhun. 

awin <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
              Hatur nuhun ka sadayana kanggo waleran na, anjeun na tehh hoyong 
ngiring kekempelan komunitas ur-sun, tapi sanes pangangge (pengguna) internet, 
pangsiunan deperindag jiganamah…kaleresan gaduh warung sunda di daerah margonda 
(depok), panginten bade sakantenan pormosi panginten.
  
  Awin
  
      
---------------------------------
  
  From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Asep 
Hadiyana
Sent: Monday, February 19, 2007 12:25 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] DAMAS?????

  
          Damas singektan tina Daya Mahasiswa Sunda, pakempelan mahasiswa Sunda 
sareng alumnina anu gaduh tujuan ngalastarikeun budaya Sunda. Damas sering 
ngayakeun pasanggiri tembang Sunda Cianjuran (jigana na mah taunan). Sim kuring 
ngan terang sakitu.

    





  

         

                
---------------------------------
 Découvrez une nouvelle façon d'obtenir des réponses à toutes vos questions ! 
Profitez des connaissances, des opinions et des expériences des internautes sur 
Yahoo! Questions/Réponses.

Kirim email ke