dimana nya ari ayeuna si ibu yayah? simkuring kantos diwulang ku bu yayah nuju taun 85-an. salam, djoko
--- In [email protected], Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Bu Yayah teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak di SMA2 Cimahi mah. Ieu guru awakna leutik tapi centil nepi ka dilandi Puput Novel (baheula puput novel keur leutik!). Aya oge anu ngalandi Phil Collins, eta penyanyi Genesis anu ti Inggris tea geuningan. Dilandi Phil Collins teh, pedah buukna ipis jeung rada botak di tengah jiga Phil Collins. > Kuring mah harita di kelas 3B3. Barudak awewena mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid muridna. Tapi najan kitu kelas uing mah kompak pisang, pernah kabur sakelas ngadon..........ulin ka Jayagiri! heuheuheu > > > > Hiji poe Puput Novel eh Bu Yayah nyarita: "Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", > saur ibu guru. > > "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", > si > > ibu teh ngancem. > > > > "Yani, sok sebutkeun contohna irregular verb !", ibu guru Yayah naros. > > "Bring - brought - brought, hartosna nyandak" "Alus.... > > > > Cikan Thoriq ! Tong heureuy bae !", si Thoriq katelah tukang heureuy. > > "Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR". > "Nangtung > > dihareup ! > > > Zaeni ! "Brang - breng - brong, hartosna emak ngambek di dapur > alatan > > teu gaduh beas" "Nangtung dihareup! > > Deni ! "Begang - begeng - > begung, hartosna siga awak Datuk > > Maringgih " "Nangtung dihareup! > Agus ! "Dar - der - dor, hartosna perang di Irak jeung > Palestina". > > "Nangtung dihareup! > Suharyanto ! "Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi ". > "Bohong > > maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup! > Budi ! "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang ". > > "Nangtung dihareup! > Didi ! "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan. "Nangtung > dihareup! > Asep Hikmat! "Plak - plek - plok, hartosna bararahe". "Masingna > ase rehe > > atuh! Nangtung dihareup! > Nugraha ! "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur ". > "Nangtung > > dihareup! Kabeh baralegug! > Cecep ! " > Si cecep teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod > > sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Yayah. Bakating ku > > geumpeur, ari seduuut .... teh hitut "Brat - bret - brot nyah!?, > saur > > ibu Yayah mayunan : " Kaluar kabeh! ", > ibu Yayah bendu. > > Deny Suwarja > > > > > > > _____________________________________________________________________ _______________ > 8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time > with the Yahoo! Search movie showtime shortcut. > http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#news >

