Ngomongkeun sual gelut, pernah nonton Steven Seagel gelut dina film? Inyana ngagunakeun salah sahiji elmu beladiri anu disebut aikido. Aikido mangrupa elmu beladiri tradisional ti Jepang anu sifatna defensif, henteu ngutamakeun kakuatan otot, tapi ngagunakeun kalenturan badan, gancangna gerak, sarta ngamanfaatkeun tanaga lawan ku cara ngaleungitkeun kasaimbangan lawan, anu ditutup ku koncian kana persendian leungeun atawa beuheung. Beuki rohaka tanaga lawan, beuki rohaka oge counter serangan anu dibalikkeun ka lawan. Aikido mangrupakan elmu beldiri anu efisien jeung efektif sarta bisa digunakeun pikeun tarung jarak deukeut. Jurus-jurus aikido saeutik loba dipangaruhan ku: Jurus bantingan Judo Kodokan Jigoro Kano, Jurus koncian Jujutsu gaya Sokaku Takeda Jurus pedang Kenjutsu jeung Jurus toya Yarijutsu. Aikido cocog eukeur tarung dina rohangan leutik (sempit) jeung eukeur ngalawan koroyokan. Bisi aya anu hayang bisa aikido, di Jakarta geus rada loba paguron aikido. Lamun di Bandung, di ITB aya unit kegiatan mahasiswa anu ngawisik aikido.
Salam, Asep Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: eta si akang jay... asa tawis rasa aya nu nyebut si dul dorna sagala. tukang gelut mah lain oge kang, ngan pernah ari nenggel jeung diteunggeul mah dh inget jay teh sok inget ka hiji seleb blog kang euy. dina blogna nyebut kieu "jay adalah yulian!" On 2/20/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Maksudna Ge-er kumaha Kang Dudi ? teu ngarti uing mah.. heu heu Resep lalajo soteh pedah we aya nu gelut. Mun aya nu ngajakan mah, nya diladenan ku uing ge. Jadi Kang Dudi ge tukang gelut oge ? geuning apal ngeunahna jeung nyeri-na najong nonjok, ngoet, nyakar jste ? -dul- --- In [email protected], "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ah si akang mah sok tawis raos (ge er kitu?), haha.. > kang ulah loba lalajo, kudu bari gelutna. meh karasa kumaha ngeunahna nejek, > najong, nonjok, ngoet, nyakar jste sakalian nyaho kumaha nyeurina > ditejek,ditajong,ditonjok,dikoet, dicakar jste! > > dh > tukang nyingsatkeun anderok! ,___ ._,___ -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: --------------------------------- Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and always stay connected to friends.

