Alhamdulillah pangesto/pangestu? Teh, sami sono abdi ge *sanaos teu acan kantos pendak* Uluh? Nuju paciweuh ningan, sae atuh etang-etang ngabuburit* tibatan hulang-huleng teu pararuguh*heheh. Ngiring bingah, tuh geuningan barudak mah tos palalinter, ciganamah guru2na nu ngaredul asa tos janten guru, hoream diajar deui.
Iraha atuh nyaa*bade pendak teh? Abdi ge hoyong pendak & kenal sareng Teh Ipeut (mung tiasa noongan MPna we*cik punten pang accept-keun abdi kantos ngulem). InsyaAllah pami diparengkeun, pasti pendak. Saur baraya Kusnet nu kantos tepang sareng abdi, rada rareuwaseun margi benten sareng na milis, abdi mah jalmina rada cicingeun & isinan, mung resep kutrat-kotret siga bawel soteh*hihih. Kaleresan teu acan gaduh bumi, nebeng keneh ka pun biang di Margahayu Kencana H4/8, komplek payuneun Lanud Sulaiman Bandung. Diantos, pami ambengan ka Bandung, bade ngajemput ka Surabaya teh*hanyakal, abdina teu acan gaduh helikopter/pesawat pribadi, da landasanana mah tos disayogikeun heheh* ro2 nusonoge >>> [EMAIL PROTECTED] 02/20/07 12:19PM >>> Teh Roro....... Damang Teh...? sono yeuh.... Manawi teu ngelol-ngelol teh nuju ngadamel jaringan internet kanggo sakola online, mung nyakitu guruna gaptek pisan. Didieu mah barudak tos palinter kana komputer mah, malih tos ningkat kana tingkat progamer padahal siswa didieu aya 1100 jalmi, alhamdullilah teu gaptek malihan gaduh progam bimbingan oge teu pajeng da programna kirang sae. Teh...! irahanya urang pendak..? dimana atuh dumukna teteh teh..? hoyong ngobrol resep rupina. ipeut

