Punten tadi kapegat jam/waktosna maraban cacing..
  Anu kakuping ku sim abdi, nu sok nyebat yen urang Sunda turunan ********* teh 
teh aya sanes urang wetan (masih jumeneng jalmina), padahal upami dibalikkeun 
ku urang, urang tiasa nyarios yen : Menak urang wetan seueur anu turunan 
bajul/buaya, alesanana...??,
  emut kana carios/sajarah Raden Joko Tingkir.....??
  Numutkeun eta carios, waktos masih rumaja, Joko Tingkir kantos numpas 
gorombolan buaya di wahangan/kali Brantas (leres kitu..?), saparantos eta 
gorombolan buaya areleh
  akhirna raja buaya adu hareupan bitotama sareng Joko Tingkir, anu antukna eta 
raja buaya
  eleh jajaten, lajeng taluk ka Joko Tingkir, kanggo tanda talukna eta raja 
buaya ngahadiahkeun putrina.
  Padahal kauninga kusadaya, eta Raden Joko Tingkir akhirna janten raja di 
karajaan ......
  (halaahhh...hilap deui), sareng nurunkeun katurunan sababaraha raja di tatar 
Jawa.
  Upami eta carios ku urang diteureuy buleud, atuh raja-raja saparantos na Joko 
Tingkir
  tiasa disebat incu buyutna buaya.........
   
  Namung upami kuurang dilenyepan, buaya teh hiji sato gangas hirup dicai anu 
sok ngahakan sato-sato darat kujalan ngadodoho sato darat ancrub kacai.
  Teras eta kalakuan buaya upami diterapkeun ka bangsa manusa, tetela anu gaduh
  sifat gangas, bengis, telenges teu aya ras-rasan teh taya lian ti sifat 
rampog, begal ssjb.
   
  Janten anu ditumpas ku Joko Tingkir teh teu aya sanes, gorombolan rampog 
wahangan/
  bajak wahangan, henteu pamohalan sok sanaos ukur rampog, upami gegedugna mah 
  tiasa janten gaduh pamajikan istri pilihan, paling henteu panggeulisna 
diantawis pamajikan-pamajikan rampog anak buahna.    
  Kumargi indungna kalebet istri geulis, tiasa janten anak eta gegedug rampog 
teh mangrupi
  wanoja geulis, lebet akal upami eta hadiah tanda taluk ku Joko Tingkir henteu 
ditolak.
   
  Tos ahhhh...sakitu we ngacaprukna.... 
  Punten bilih seueur lepatna.
   
  Pihatur,
  ssw
   
   
          Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED]
  Leres pisan upami dicukcruk dugi ka dinya mah, asa pamohalan 
 Sangkuriang nya kitu deui Dayang Sumbi gaduh katurunan.
Janten upami aya seler sanes nyebat urang Sunda katurunan .....
eta mah kapangaruhan ku sentimen seler, kalayan teu terang sareng teu ngajujut  
jalanna eta carios/sasakala.

 ssw
 
 mh [EMAIL PROTECTED] 

 kang engkus, bah siddik,
 aya kapanasaran sakedik yeuh. sainget kuring dina carita legenda
 sangkuriang asa teu aya fragmen nu bisa ditarik jadi kasimpulan
 yen urang sunda turunan sangkuring kitu deui dayang sumbi. nu
 katoong ku kuring mah, eksistensi dayang sumbi jeung sangkuriang
 teh ukur jadi bagian tina komunitas nu leuwih gede. ngan saukur
 jadi warga, salaku pribadi, teu kapanggih jadi tuturus atawa
 karuhun nu nurunkeun anak incu. apan sangkuriang jeung dayang
 sumbi teh teu pernah jadi kawinna oge.asa teu kungsi manggih yen
 dayang sumbi laki rabi satutasna bolay kawin ka sangkuriang. pon
 kitu deui asa teu kakocapkeun sangkuriang ngadahup ka wanoja
 sejen, terus baranahan boga turunan. kukituna, narik kasimpulan
 yen urang sunda turunan anjing jeung babi, nu dipakaitkeun jeung
 legenda sangkuring, ceuk kuring mah estu logika pabaliut. teu aya
 dasar logisna.

 salam,
 mh




      Recent Activity
    
      8
  New Members
  
      2
  New Photos

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Yahoo! Mail
  You're invited!
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta

    Y! Messenger
  Want a quick chat?
  Chat over IM with
  group members.

    Yahoo! Photos
  Share Your Photos
  via email &
  Yahoo! Messenger



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke