Kang Dudi, kamari aya salam ti Kang Achmad saurna sami ti SMA Sumedang, ayeuna 
anjeuna gaduh pausahaan diwidang IT (content provider...kitu.), pendak mah sok 
sering sareng kang Achmad teh, barang anjeuna ningalian Balebat aya nami kang 
Dudi, saurna titip salam.

Mangga tah ieu :

"Kitu,lamun aya nu meda urang, aku sapameda sakalih. Nya mana kadyangganing 
galah cedek tinugelan teka, Upama urang kudil, eta kangken cai pamandyan. Upama 
urang kurit kangken datang nu ngaminyakan. Upama urang ponyo kangken datang nu 
mere kejo. Upama urang hanaang kangken (datang nu) mawakeun aroteun. Upama 
urang handeueul kangken nu mere seupaheun. Ya sinangguh panca parisuda ngarana. 
Eta kangken galah cedek tinugelan"

tarjamah lengkepna (basa Indonesia)

"Begitulah, kalau ada yang mencela (mengeritik) kepada kita, terimalah kritik 
orang lain itu. Yang demikian itu ibarat galah sodok dipotong runcing. Ibarat 
kita sedang dekil, celaan itu bagaikan air pemandian. Ibarat kita sedang 
menderita kekeringan kulit bagaikan datang orang yang meminyaki. Ibarat kita 
sedang lapar, bagaikan datang yang memberi nasi. Ibarat kita sedang dahaga, 
bagikan datang orang yang mengantarkan minuman. Ibarat kita sedang kesal hati, 
bagaikan datang orang yang memberi sirih pinang. Itulah yang disebut panca 
parisuda (lima penawar), ibarat galah sodok diperpendek"

Bilih peryogi bukuna, wayahna fotocopy bae, mangga engke dikintun.
judul bukuna Sewaka Darma, SSK, Amanat Galunggung
Traskripsi dan Terjemahan kenging Saleh Danasasmita, Ayatrohaedi,Tien 
Wartini,Undang A Darsa
wedalan P dan K taun 1987.

MSasmita

  ----- Original Message ----- 
  From: Dudi Herlianto 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, February 22, 2007 10:55 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Nyangcarutkeun adalah.........


  wa sas,
  sikuring tiasa nyungkeun petikan dihandap ieu dina basa asli ssk-na henteu? 
dina indonesia mah asa henteu teg wa. acan jadi basa uing karek jadi basa urang 
tuda... haha. duh geuning asa beuki reueus jadi turunan ki sunda, hanjakal 
ayeuna karek jadi karung nu nampanan pangguar batur, can leukeun sorangan! 

  -cutat-
  ,,kalau ada yang mencela (mengeritik) kepada kita, terimalah kritik orang 
lain itu, yang demikian itu ibarat galah sodok dipotong runcing. Ibarat kita 
sedang dekil, celaan itu bagaikan air pemandian, ibarat kita sedang menderita 
kekeringan kulit bagaikan datang orang meminyaki, ibarat kita sedang lapar 
bagaikan datang yang memberi nasi, ibarat kita sedang dahaga, bagaikan datang 
orang yang mengantarkan minuman".
  -cutat rengse-

  nuhun,
  dh

Kirim email ke