Kahatur sadayana,

Bade tumaros, ari ayeuna di RRI Bandung masih aya acara tembang wawacan? 
Kapungkur tahun 90-an, sim kuring sering ngupingkeun acara tembang di RRI 
Bandung upami henteu lepat tiap Saptu wengi jam 11 dugi ka jam 12-an. diantawis 
lalakon anu dicarioskeun nganggo tembang teh judulna "Wawacan Purnama Alam" anu 
gaduh dua garwa nyaeta Dewi Rengganis sareng Dewi Ratna Suminar. Saparantos 
tamat, lalakonna dilajengkeun ku tembang wawacan barata yuda.

Asa kasuat-suat, emut kana pupuh-pupuhna anu ditembangkeun ku dua penyiarnya.

Wassalam,
Asep



 
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.

Kirim email ke