(Aya kitu 18 taun urang teu patepung paamprok jonghok???) Enyaan geuning
kang Deny teh teu robih- malah mah beuki HEBRING ku heureuyna,  ku
pamadegannana, ku "Vocal" na..... ku sagalarupana... Kuring ngadukung
pisan kana sepak terjangna (ka sadaya wargi- punten upami seueur kecap
anu teu merenah - abdi nembe diajar deui basa sunda teh...., hehehe...
[:-$] )

Pupung tea...


  "denysuwarja2k" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wa, di jaman ayeuna... di nagari urang mah jelema anu bener dianggap
> salah, jelema cageur dianggap gering, jelema anu eling dianggap gelo.
> Contona nya eta menteri anu profesor tea!
> Conto lainna, rahayat keur ngajerit ku harga beas, jeung banjir,
> bencana mah puguh deui.... na atuh burudul sarebu urang anggota dewan
> yang terhormat demo... nyuhunkeun gajina tetep naek! nolak revisi PP
> 37 kamari!
> Jalmi daramang ari nu kitu sanes wa? Eta ku sedihna teh, aya anggota
> dewan make pakean Kiai hihihihi!!!!!
>
>
> --- In [email protected], "Reka Gayantika" bohay@ wrote:
> >
> > Hihihihih.... osok hayang seuri ninggali kalakuan panggede. jiga
> ninggali
> > budak anu keur hareureuy. Sandiwara Politik hungkul lah. jelema
lalieur
> > hungkul. hehehhe...
> >
> > -Bohay-
> >
> > On 2/21/07, Waluya resoma@ wrote:
> > >
> > > Aya Mentri dipariksa ku KPK kulantaran nunjuk langsung rekanan
dina
> > > ngayakeun barang, sang Mentri ngambek, malik ngalaporkeun katua
KPK,
> > > sabab cenah KPK oge nunjuk langsung rekanan (henteu tender) dina
> ngayakeun
> > > alat-alat paragi nyadap kalakuan sang koruptor. Ger ..... wartos
> jadi rame
> > > sabab KPK ge embung disebutkeun boga standar ganda. Ceuk KPK
> memang leres
> > > KPK nunjuk langsung rekanan henteu ngaliwatan tender, tapi samemeh
> > > ngalakukeun eta, KPK menta izin heula ka Presiden ....ngaliwatan
> Mentri
> > > Sekretaris Negara, nu mentrina ngadukeun katua KPK soal ieu. Jadi
sang
> > > Mentri nuduh ka batur, nu manehna sorangan nyaho jeung ngilu
> nanda-tangan
> > > ...hehehehe
> > >
> > > Maca wartos ieu, sirah kuring jadi rieut, rieut ningali kalakuan
para
> > > politisi di Indonesia, siga nu geus teu boga kaera. Sanajan geus
> kanyahoan
> > > tutunjuk manehna teh akhirna nunjuk manehna sorangan, hih ...
> angger we
> > > nyarios bulat-beulit, leueur siga belut. Padahal sang Mentri teh
boga
> > > pangkat Professor, nu nunjukkeun manehna teh "kaum akademisi".
Biasana
> > > "Kaum Akademisi" dihormat lain kulantaran ku pangkat jeung harta,
tapi
> > > kulantaran "bebeneran" nu dicekel pageuh!
> > >
> > > Baktos.
> > > WALUYA
> > >
> > >
> >
>


Kirim email ke