Sigana lamun aya Wamil didieu meureun leres tiasa
janten sirik tangtara asli..waktos perang Malvinas
..Boss abdi anu urang Amrik teh Manjer rekayasa teknik
minyak....ari manehna gaduh kaahlian pilot tempur
sareng sipil...di "reserves Corps" pangkatna Colonel
AU. Mun didieu aya nukitu..kumah tah Kolonel asli na ?


--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ih ....kuring mah  malah kaduhung, lain ti baheula
> wae aya wamil teh,
> meureun ayeuna paling henteu boga pangkat Kopral.
> Lumayan jang gagayaan ka
> mitoha .....hehehehe. Heueuh pan jaman Soeharto mah,
> tantara teh
> di"istimewa"keun pisan, warga nagara kelas hiji
> pokona mah. Tah lamun aya
> wamil mah, tantara moal jadi istemewa, da sarerea
> oge tantara atawa kungsi
> jadi tantara. Moal aya jalma asa pangakangna dina
> ngabela nagara terus
> ngarasa boga hak "istumewa" ti nagara.
> 
> Ceuk beja mah, ide soal Wamil teh ti jaman Orba
> keneh geus aya, ngan aya
> nu teu satuju. Salah sahiji nu teu satuju, .......
> ti tantara sorangan. 
> Kaharti ari kituna mah, sabab Wamil bisa
> ngaleungitkeun "kakhususan"
> tantara. Oge meureun soal biaya, lamun nu umur 18-21
> taun wajib
> wamil.....hartina nagara kudu nyadiakeun duit
> sabaraha tah ...
> 
> Baheula keur sakola, Guru nerangkeun yen aya  nagara
> nu teu boga tantara,
> nyaeta Swiss. Percaya we, da ceuk guru aranna ge,
> sanajan bingung, kumaha
> lamun aya nu nyerebu ti nagara deungeun. Tapi cenah,
> Swiss lain teu boga
> tantara, ngan rakyatna masing-masing boga kaahlian
> militer, jadi lamun aya
> nagara nyoba-nyoba nyerebu Swiss, kabeh rakyat Swiss
> bakal ngabela
> nagarana, hartina ....rakyat swiss mah kabeh oge
> "tantara". Tapi eta ceuk
> cenah .....cik ka baraya nu cicing di Swiss atawa nu
> terang perkara Swiss,
> dongengkeun lah didieu .....
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> > From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> > kang rh, memang jigana baris pikahariwangeun upama
> di toong palebah dinya
> > mah. ngan, upama noongna lebah nu sejen, jigana
> aya hadena eta program teh.
> > kiwari, lamun urang leukeun noongan kaayaan
> sabagean budak ngora, matak
> > pikamelangeun.  teu saeutik budak ngora nu
> dedeganana jiga kieu: awak
> begung
> > rangkebong, buuk pupurintilan, ceuli diantingan,
> panon ceuleuyeu ngiceup
> > ngan sabedug sakali. tah jigana kuayana wamil, eta
> kaayaan teh sugan bisa
> > diubaran. paling heunteu, atuh bisa-bisa nyaring
> isuk keneh, ngarah rejeki
> > teu beakeun ku hayam. eh, hayam na oge beak nya,
> hahaha. (mh)
> 
> 




 
____________________________________________________________________________________
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091

Kirim email ke