Sami abdi ge ah,
Nuhunkeun contona 10 eksemplar mah, meh rada lami macana.
Wios eusina sami ge ...
sakantenan jajapkeun ka bumi, da ka bulan mah tebih.
heu heu


-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], "soni rosa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hebat euy US  kulon, wilujeng kang Runa muga2 lancar.
> (samemeh ngalanggan tiasa nyungkeun 'conto'-na heula?)
> nuhun
> sonirosa
> www.bolotot.com
> 
> On Wed, 21 Feb 2007 03:30:46 -0800 (PST)
>   Cep_Runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Assalamualaikum Wr. Wb.
> > 
> > Baraya US dimana wae ayana. 
> > 
> > Ayeuna tos medal majalah BALEBAT salasawios karya US anu 
> >ngiringan ngaramekeun, ngeuyeuban khasanah sunda. Kuayana 
> >majalah BALEBAT anu dina wanda basa sunda ieu tiasa 
> >ngiring ngamumule basa sunda kujalan masihan infomasi 
> >kabaraya US sadayana. 
> > 
> > Ku kituna kabaraya US bilih bade ngalanggan ieu majalah 
> >mangga kantun ngeusian formulir na anu ditangkodkeun dina 
> >surelek ieu. Pon kitu boh bilih bade ngiring nyerat dina 
> >majalah ieu tiasa pisan. Hal ieu mugi tiasa dikintunkeun 
> >ka surelek [EMAIL PROTECTED] cc [EMAIL PROTECTED]
> > 
> > Majalah ieu medalna kanggo danget ieu sasasih sakali. 
> >Pangaosna :
> > 1. Kanggo disabudeureun bogor Rp. 6500/edisi tos kalebet 
> >ongkos kintun.
> > 2. Kanggo di luar bogor Rp. 7500/edisi tos kalebet 
> >ongkos kintun. 
> > Pembayaran tiasa ditransfer ka bank BCA an. Hendra 
> >Wijaya no. rek. 0950000911. Buktos pembayaran mugi tiasa 
> >dikintunkeun/discan teras dikintunkeun ka 
> >[EMAIL PROTECTED] cc [EMAIL PROTECTED],
> > 
> > Paketan via PT. Pos Indonesia. Atuh saupamina hoyong 
> >enggal katampi majalahna tiasa nganggo paket anu sanesna 
> >contona nganggo TIKI. Panginten pami ieu mah benten deui 
> >pangaos ongkos kintuna. Kanggo hal ieu mangga tiasa japri 
> >ka email [EMAIL PROTECTED] atanapi ngalangkungan YM : 
> >runainawan
> > 
> > Kanggo samentawis sakitu anu kapihatur, kirang 
> >langkungan neda dihapunten. 
> > 
> > Wassalam,
> > Baktosna,
> > Runa Inawan - Bogor
> > 
> > +++++++++++++++++++++++++++++++
> > Para wargi sadaya,
> > 
> > Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae 
> >di kantor,
> > kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade 
> >maparin majalah
> > Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina 
> >tasna. Leuh enya
> > wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen 
> >sakeudeung deui
> > baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta 
> >- Bogor,
> > majalah "Balebat" aranna.
> > 
> > Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu 
> >dumuk di Bogor
> > jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu 
> >ngurusna, sakumaha
> > dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. 
> >Asatari
> > (pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra 
> >M. Astari,
> > Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan 
> >redaksi), Bagus
> > Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun 
> >kahiji ieu malah
> > Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu 
> >judulna: "Kusnet:
> > Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae 
> >anu dijungjung
> > jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007.
> > 
> > Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu 
> >alamatna di Jl Raya
> > Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 
> >kalawan tlpn-na:
> > 0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek:
> > [EMAIL PROTECTED] Anu ngarojong salaku supporter 
> >pedalan kahiji
> > ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana 
> >nu Kang Eko
> > yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri 
> >Sundapura, RPC 95,3 FM
> > 846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya 
> >Hanjuang Bodas,
> > sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya).
> > 
> > Baraya,
> > 
> > Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan 
> >leuwih ipis.
> > Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan 
> >gedena huruf
> > sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca 
> >munggaran nepi ka
> > panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): 
> >Lawang
> > Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), 
> >Mata Holang
> > ("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster 
> >Ramatloka
> > Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas 
> >("Awal Ayana
> > Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat 
> >Rohaedi), Carita
> > Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), 
> >Paribasa, Angkulung
> > Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), 
> >Pelesiran ("Curug
> > Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir 
> >Eurih"--wah mantab
> > eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale 
> >Paniisan
> > ("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti 
> >model 4S), jeung
> > Cahaya Syiar.
> > 
> > ---
> > Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana 
> >karya media
> > citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing 
> >saha bae warga
> > Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang 
> >seratna kanggo
> > "Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: 
> >Wilujeng ka
> > dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos 
> >ngalengkah dina
> > usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. 
> >Hatur nuhun ka
> > Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung 
> >ku jinisna.
> > 
> > baktos,
> > manAR
> > 
> > 
> >     
> > 
> >     
> >             
> > ________________________________________________________ 
> > Sekarang dengan penyimpanan 1GB 
> > http://id.mail.yahoo.com/
> 
> 
=====================================================================
===================
> Selamat bagi para pemenang Grand Prize Netkuis NATAL 2006, dan 
ikuti lomba kartu elektronik di http://telkom.net/lombakartu/ 
Berhadiah total puluhan juta rupiah.
> 
=====================================================================
===================
>


Kirim email ke