Jaman tantara asruk-asrukan ka kampung, ari anu pangagahna ceuk urang kampung
mah pa Kopral pedah bedilna bren, ari pangkat sejen mah palih oge geren atanapi
pestol.
Kacaturkeun aya Letnan rek mileuleuheungkeun kembang kampung anakna patani
pangjegudna dikampung eta.
Tutas nyarioskeun pamaksudan ka calon mitoha,
Calon mitoha : "Naon pangkat teh jang..??"
Calon minantu : "nembe Letnan bapa..."
Calon mitoha (rada kerung) : "euleuh atuh lila keneh naek jadi kopral mah
nya...??"
Caon minantu : .....???????? ..
ssw
Waluya [EMAIL PROTECTED]
Ih ....kuring mah malah kaduhung, lain ti baheula wae aya wamil teh,
meureun ayeuna paling henteu boga pangkat Kopral. Lumayan jang gagayaan ka
mitoha .....hehehehe. Heueuh pan jaman Soeharto mah, tantara teh
di"istimewa"keun pisan, warga nagara kelas hiji pokona mah. Tah lamun aya
wamil mah, tantara moal jadi istemewa, da sarerea oge tantara atawa kungsi
jadi tantara. Moal aya jalma asa pangakangna dina ngabela nagara terus
ngarasa boga hak "istumewa" ti nagara.
Ceuk beja mah, ide soal Wamil teh ti jaman Orba keneh geus aya, ngan aya
nu teu satuju. Salah sahiji nu teu satuju, ....... ti tantara sorangan.
Kaharti ari kituna mah, sabab Wamil bisa ngaleungitkeun "kakhususan"
tantara. Oge meureun soal biaya, lamun nu umur 18-21 taun wajib
wamil.....hartina nagara kudu nyadiakeun duit sabaraha tah ...
Baheula keur sakola, Guru nerangkeun yen aya nagara nu teu boga tantara,
nyaeta Swiss. Percaya we, da ceuk guru aranna ge, sanajan bingung, kumaha
lamun aya nu nyerebu ti nagara deungeun. Tapi cenah, Swiss lain teu boga
tantara, ngan rakyatna masing-masing boga kaahlian militer, jadi lamun aya
nagara nyoba-nyoba nyerebu Swiss, kabeh rakyat Swiss bakal ngabela
nagarana, hartina ....rakyat swiss mah kabeh oge "tantara". Tapi eta ceuk
cenah .....cik ka baraya nu cicing di Swiss atawa nu terang perkara Swiss,
dongengkeun lah didieu .....
Baktos,
WALUYA
Recent Activity
11
New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Click for free info on online degrees and make $150K/ year
Y! Messenger
Send pics quick
Share photos while
you IM friends.
Yahoo! Mail
Get it all!
With the all-new
Yahoo! Mail Beta
Yahoo! Photos
Share Your Photos
via email & mobile
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda