Dua bulan katukang, luha-loho ka hiji supermarket di Bandung. Keur jongjon
ngagulang-gaper sabangsaning lalab nu ilaharna diangeun, teuing timana
mucunghulna aya dua urang istri geus umuran ngawangkong (silih tembal) bari
sarua milih-milih lalab. Nu matak sakapeung rada nelek-nelek teh pedah
ngobrolna make basa Sunda leleb jeung rada harus deuih gunem caturna ( ind.
frekuensi yang digunakan tinggi!:) ) Teu karasa replek Sobur jeung Boyke Adam
noel, ari breh teh geuning duanana Enci! Can leungit pangaruh gede dua kiper
Persib eta...maranehna oge sarua ngalieuk bari nyerengeh. Jep...atuh obrolan
maranehna ngadadak siga gaang katincak! Salaku balad Kusnet nu jarang "posting"
jeung tara udunan, satekah polah gancang ngumpulkeun deui lelembutan anu
paburencay...."Resep abdi mah nguping Ibu ngobrol nganggo basa Sunda teh",
cekeng teh! Meupeuskeun rehe combrekna kaayaan. Maranehna teu ngajawab ngan
tetep we nyerengeh. "Mangga lajengkeun ngobrolna, ulah kabaribinan ku abdi"!,
cekeng teh bari ngaleos.
surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Muhun nya..aya dosen
nyeratna gaya LSM.Mun di Pulisi
mah..tembahk dulu...tanya belakangan..... Tapi tong
riweh lah Basa Sunda mah moal maot..........Urang Cina
bandung sapope geuning marake Basa Sunda...
Recent Activity
8
New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Ads on Yahoo!
Learn more now.
Reach customers
searching for you.
Yahoo! Mail
Drag & drop
With the all-new
Yahoo! Mail Beta
Y! Messenger
Send pics quick
Share photos while
you IM friends.
.
---------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.