> From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
> Sunda Dicipta Belanda
> Oleh Gani A Jaelani
> Sunda, dalam kerangka pengakuan Belanda, mungkin masih terus dipertahankan
> sampai sekarang. Ingatan kita akan Sunda sebetulnya ingatan akan Sunda
> yang direkayasa Belanda. Artinya, sampai sekarang kita masih mengamalkan
> kebudayaan Sunda yang dicipta Belanda.
>
> Setiap pembicaraan dan pengembangan Sunda barangkali sebetulnya kita
> sedang membicarakan dan mengembangkan Sunda ciptaan Belanda. Kalau dulu,
> jelas amalan tersebut dimaksudkan untuk kolonisasi. Sekarang, kalau benar
> masih diamalkan, siapa yang diuntungkan dengan Sunda kreasi Belanda itu?
Ke .....ke ....heula, nu dimaksud "Sunda kreasi Walanda" teh nu kumaha?
terus umpama "sunda kreasi Walanda" masih dipake ("diamalkan") kudu
dileungitkeun kitu?. Teu kabeh nu direkayasa Walanda teh goreng, contona
Basa Sunda make huruf latin, pan jadi ngagampangkeun kutak-ketik. Sabab
mesin tik jeung komputer paling loba dijieun make huruf latin, nu hartina
hargana jadi murah. Coba lamun make huruf sejen..... dijamin hargana bakal
dua kali lipat atawa leuwih .....
Mikihiro ngajudulan bukuna "Semangat Baru", sumanget anyar, nu hartina ku
kabukana budaya Sunda urang kulon, nuwuhkeun sumanget anyar ka Etnik Sunda,
nepi ka ngarasa sajajar jeung nu sejen, nuwuhkeun budaya tulas-tulis di
urang Sunda jrrd nu bakal panjang teuing lamun disebut hiji-hiji mah. Jadi,
ceuk kuring mah teu masalah "Sunda" direkayasa walanda oge. Eta masalah Basa
Sunda Bandung nu dianggap Sunda "resmi", nya benerkeun deui wae atuh tapi
teu kudu tepi ka nyieun patarosan "Siapa yang diuntungkan dengan Sunda
Kreasi Belanda itu"?
Cag!
Baktos,
WALUYA
(Lamun Naek Kareta Api, make rel kreasi Walanda!)