Panginten kitu kang.

Sae atuh upami kantos diajar jentrang-jentreng mah.

Simkuring mah diajar nabeuh saron di LSS ITB taun 1986 mung tahan 3 kali 
pertemuan, teras henteu dilajengkeun, kumargi hese gening diajar seni teh. 
Ahirna janten penikmat seni wae.

Wassalam,
Asep
http://members.tripod.com/pasundan/
http://hadiyana.tripod.com/meframe.htm



Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Moal kitu nu dimaksud teh jatinangor ?
atawa nu disebut bukit tunggul tea
geuningan dina kawih aya kieu


"Mun ningali ti bandung ka palih kidul
gunung malabar ngajegir
palih kaler bukit tunggul  
burangrang nu hiji deui
tangkuban prahu di gendeng"




Kang asep, pedah we baheula pernah diajar jentrang jentreng
ngan hanjakal ari ayeuna mah geus paciweuh jeung kuli 
 jadi wae ngan bisa dina komputer .........


On 2/27/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                           
         kang rumasa teu apal ka lagu nataan gunung mah. ngan lirik nu ieu 
"Gunung  tanpa tutugan, Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang", 
mah sering ngadangu. dina tembang nu dihaleuangkeun ku kang darso. judulna 
maripi. santos ngadangu sok hayang nanya. ari gunung sumedang teh di mana? naha 
ukur meh murwakanti jeung katunjang kitu? nu sabenerna mah euweuh. 

dh

On 2/27/07, Asep Hadiyana < [EMAIL PROTECTED]> wrote:                           
           
Kahatur kang Iman,
   
  Geningan sami sareng simkuring, resep kana Cianjuran.
     
  Mung, upami henteu lepat nguping, kecap anu dimaksad teh "sasaka domas"
   
  Upami henteu lepat nguping, rumpaka tembang Nataan Gunung anu dihaleuangkeun 
ku ibu Mamah Dasimah sareng pa Didin S. Bajudri ti Lingkung Seni Sasaka Domas 
teh sapertos kieu: 
   
  Gunung  tanpa tutugan
   
  Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang



._,___  
        








 
     
                       

 
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.

Kirim email ke