Tah kitu, ari tos kaancikan panyakit "kolot" alias
pohoan teh, ngaran jadi tibaralik. Hapunten Pa Rektor,
lepat nyebat nami.

Muhun, kamari waktos ngobrol teh, Pa Rektor
ngabasakeun "urang Panjalu", tapi aya teureuh  Gunung
Jati na, ti Ibuna mun teu lepat mah.

Pa Rektor teh, mani omat-omatan ka kuring, lamun ka
Bandung, nyimpang ka bumina, rek dipasihan oleh-oleh
Kamus Basa Sunda anu diterbitkeun Januari kamari.

Mang MJ, kersa ngarencangan kuring heunteu ngadeuheus
ka  Pa Rektor? 

baktos,

mrachmatrawyani

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> punten kang, namina tibalik, sanes Wihendra, tapi
> Himendra.
> 
> lengkepna, Abdullah Himendra Wargahadibrata
> urang Ciamis (haha). nami pengkerna, Wargahadibrata,
> kungsi manggih dina
> buku teuing ngaran bupati Ciamis duka jaman iraha.
> 
> perkawis kang GK.
> wilujeng.
> mugia Unpad sing bisa jadi nyaangan  tatar sunda ku
> kaluhungan elmu
> pangaweruh,  nyinglarkeun kabodoan US. sing 
> palinter, ngamajukeun lembur
> bari teu ngarusak alam. amin
> 
> mang jamal gayadihadja
> 
> http://geocities.com/mangjamal



 
____________________________________________________________________________________
Yahoo! Music Unlimited
Access over 1 million songs.
http://music.yahoo.com/unlimited

Kirim email ke