miluan  ngacapruks ....

di kacamatan kuring dilahirkeun, kacamatan cigugur ciamis, di unggal
desa ilahar di sakomplek tempat teh siga kieu .... bale desa, lapang
maenbal jeung masigit. posisi tibalik, masjid biasana beh kulon, bale
desa beh wetaneun lapang. keur budak teu pati malira, naha bet siga
kitu, sanggeus maca tulisan kang maman, meureun enya eta mangpaatna.

di lapang maenbal teh, multi fungsi, mun aya misbar, raramean,
pintonan kasenian, atawa sabangsaning hiburan, di dinya tempatna ngan
nyedek ka bale desa ... aya pangajian, MTQ tingkat desa di dinya oge
ngan nyedek ka deukeut masjid.

unggal bulan sok aya wae kagiatan di lapang teh, asana kabehdieunakeun
geus rada sepi ...

budhi
kurono kopo 241

On 3/3/07, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>
>
>
> Kampung (Sadar) Wisata
> (Ngengklokan seratan GK # 1)
>
> Waktu nyieun ieu pangacaprukan, kuring can maca seratan GK ngeunaan
> (meureun) pilihan eksistensialna salaku hiji seler – siga nu
> dikalangkangkeun dina wawaranna kamari: Milih jadi urang Sunda atawa lain
> Sunda. Ngan, di antara 14-an tulisan nu geus dibaca, tilu di antarana paling
> narik ati kuring :  Cisitu, Agenda Kesenian, jeung Pariwisata dan Ekonomi
> Kerakyatan.
> Cisitu, lian ti mangrupa "reportase" nu otoritatif, wuwuhan dijieun ku
> "urang jero", mukakeun deui hate jeung pipikiran kuring ngeunaan kumaha
> tragik jeung ironi nu tumiba ka urang Sunda. Hususna urang Bandung, leuwih
> husus pisan ka urang Cisitu (jeung lembur-lembur lianna nu aya di
> sabudeureun sawatara "centre of exelence" salila ieu): Ayana paguron-paguron
> luhur di sabudeureun eta wewengkon ukur mere kauntungan ekonomi – kitu ge
> ukur saencret, da nu paling gede nawu eta kauntungan, ku suudzon kuring,
> bisa jadi lain pituin urang eta lembur. Hartina, "industri pendidikan" nu
> aya teu mere kauntungan kultural nu leuwih jembar, nu satemenna jadi udagan
> pendidikan.
> Keur kuring, hal ieu nandeskeun tunana komunikasi antara paguron luhur jeung
> masarakat sabudereunnana. Sanajan geus aya Tri Dharma Perguruan Tinggi,
> malah – nu leuwih praktis -- elmu public relations pisan; universitas remen
> gagal ngawangun mental jeung prilaku masarakat nu aya di sabudeureunnana
> (dalah civitas academica-na sorangan?). Antukna ukur jadi menara gading tea.
> Beh dituna, agama ge geus "gagal" migeykeun umatna sangkan ngaronjatkeun
> darajat kahirupannana. Eta bae, sakitu hadis jeung Qur'an geus
> "dioperasionalkeun" dina wangun nadom ge, urang Cisitu (loba pisan nu) teu
> kageuing sangkan nungtut elmu, dina harti sakola formal, nu bisa leuwih
> ngaronjatkeun kahirupannana. Tong salah harti, tangtuna nu salah, nu
> "gagal", di dieu lain agamana, lain hadis, lain Qur'anna. Tapi, nu ngagemna.
> Gampangna mah aya kajumudan di masarakat urang ngeunaan agama (sakumaha
> jumud atawa salah sangkana urang kana tradisi, budaya, jeung kamoderanan
> atawa kamajuan sorangan).
>
> Tapi bisi ngacaprukna kaleuleuwihi, kuring rek nyoba museurkeun maneh
> ngomentaran Pariwisata dan Ekonomi Kerakyatan. Kitu ge duka. Teuing
> nyambung, teuing... keukeuh ngacapruk. Nyanggakeun...:
>
> Mun teu salah, ti panuntungan dekade 70-an, pamarentah urang geus sadar:
> Minyak, nu salila eta jadi andelan, bakal beak. Kudu dipikirkeun modus-modus
> lian pikeun nyocokan beaya pangwangunan. Nya ti harita, pariwisata, jeung
> kabudayaan, mimiti ditoong salaku alternatif. Sanajan, dina prak-prakannana,
> bari terus ngebor minyak, gawe nu aya teh karah loba nuaran leuweung (jeung
> ngabukbak sawah atawa kebon, keur pabrik jeung paimahan). Manan ngahucuhkeun
> pangwangunan dina widang pariwisata. Da, leuwih gampang. Pilakadar tinggal
> nuar.
> Di mana pariwisata dipigawe ge, keukeuh bae rumus nu diterapkeunnana teh:
> Padu gampang, padu gancang. Cash and carry. Hartina, siga nu katangen salila
> ieu: Pangwangunan widang pariwisata ieu leuwih ngogo modal gede manan
> migeykeun kahirupan jeung potensi rahayat leutik. Bari jeung triple down
> effect-na, nu salila eta dipiharep, heunteu down-down bae. Di mana aya ge
> nya ngan saencret. Da, cohagna, ukur mangrupa Satpam, tukang kebon, awewe
> jeung lalaki bangor, atawa...calo tanah! Tangtu bae Bali pangacualian.
> Pariwisata bener-bener, paling heunteu leuwih bisa, migeykeun kahirupan
> rahayat leutikna – sanajan, sawareh, kapaksa "diwadalkeun" ka Sulawesi,
> Kalimantan, jeung Lampung, jadi transmigran.
> Gampangna mah, proyek-proyek pariwisata nu aya jauh tina naon nu disebut
> jeung dimaksud ku "ekonomi kerakyatan". Ongkoh, pan, harita, nyebut
> istilah-istilah nu make embel-embel "rakyat" ge meh sarua haramna jeung make
> narkoba. Karuhan prakna mah (komo kiwari?). Beh dituna, pariwisata nu aya
> dianggap maehan kabudayaan – leuwih husus maehan seni tradisi. Da, seni
> tradisi teh dibekukeun dina wangun tongtonan di hotel-hotel atawa di tempat
> pariwisata. Atawa, nu leuwih "murtad": Seni jeung kabudayaan dikomersilkeun.
> Diduitkeun.
> Kasadaran pamarentah ngeunaan potensi pariwisata ieu, ahir 80-an, lain bae
> ditembongkeun ku program Visit Indonesia Year 1991, Bali 10-K, Kompetisi
> Terjun Payung Dunia, jste. Tapi, oge ku konsep Sapta Pesona. (Kukituna
> panuhun ka Pa Oeyeng, Pa Adeng, oge Pa Ajip Bakar, sawatara urang Sunda nu
> parantos ngiring naratas ayana konsep sareng kasadaran Sapta Pesona sareng
> wisata berbasis budaya ieu). Keur kuring, siga konsep lianna, ieu konsep teh
> kawilang alus. Malah, lain bae kudu dijadikeun konsep pangwangunan
> pariwisata. Tapi, oge konsep pangwangunan sacara umum. Ieu konsep, tangtuna,
> leuwih operasional manan konsep "manusia seutuhnya", nu ngawang-ngawang, nu
> harita remen dicutat dina pidato-pidato pajabat.
> Sapta pesona, mun dilenyepan, satemenna nandeuskeun kumaha "kaffah" atawa
> "holistik"na industri pariwisata. Malah, mun keukeuh rek sipatna mikir
> sacara sektoral, nya industri pariwisata ieu nu satemenna kudu jadi
> lokomotif pangwangunan urang -- mun tea mah ngajadikeun pangwangunan
> kabudayaan salaku lokomotif dianggap ngawang-ngawang atawa pamohalan. Ku
> naon kitu? Sabab, industri pariwisata, satemenna, industri nu paripurna.
> Pikeun ngamajukeun industri pariwisata kudu aya "iklim nu kondusif", dina
> harti miharep infrastruktur nu "paripurna". Pariwisata lain bae nungtut
> potensi wisata – boh alam, kasenian, merchandising, dahareun, sajarah, atawa
> kabudayaan. Tapi, oge kaamanan -- dina harti heureut atawa jembar -- jeung
> infrastruktur fisik nu oge "sampurna".
> Tah dina perkara infrastruktur fisik (jeung kaamanan) ieu, urang remen ti
> kelebuh kana prak-prakan nu ahirna miharep modal gede, ngarusak alam, jeung
> ...budaya eta sorangan. Da kudu boga kamar sakitu likur, nu ukurannana
> sakitu, kolam renang ukuran sakitu, taman ukuran sakitu, lapangan terbang
> kelas sakitu, jste. Tangtu lain kuring anti modal gede atawa anti
> pangwangunan fisik – komo anti kaamanan atawa pamarentahan mah. Tapi, maksud
> kuring, nu kudu diwangun jeung dimekarkeun teh, lian ti "ekonomi
> kerakyatan"nana, oge naon nu nyangreu dina konsep Sapta Pesona eta:
> Kaamanan, katertiban, kabersihan, "kesejukan" (teuing naon Basa Sunda-na
> pikeun ieu kecap dina konteks ieu. Piraku "katiisan" mah? "Tumaninah"
> meureun, nya?), kaendahan, kasomeahan (takwil nu rada kaleuleuwihi tina
> kecap "keramahan"), jeung katineung (Sigana mah sarua ngacaprukna pikeun
> ngaganti  "kenangan").
> Hartina, mun urang tigin kana eta ugeran, nyieun obyek atawa ngawangun
> pariwisata teh teu susah. Cukup ku ngalarapkeun tujuh papagon tadi: Aman,
> tartib, bersih, "sejuk", endah, someah, jeung matak nineung. Coba sawang mun
> hiji pilemburan: Bisa miara jalan-jalanna – nu can tangtu kudu dihotmix,
> cukup dibalay ku koral atawa batu ti walungan nu aya di wewengkon eta –
> pasir, sawah jeung kebonna hejo ngemploh, cai curcor, koco (septik tank)
> jeung kamalirna teu ngeuyeumbeu, balong jeung kandang hayamna ge "sehat",
> teu matak sareukseuk nu ningali, teu matak jarijipen anu dahar, situna teu
> dijarieun sawah atawa kebon kangkung, imah jeung buruannana rarapih asri,
> paruntahannana teu nepi ka ngahunyud, rahayatna teu ngeukeuweuk budaya huma
> (dina harti aing-aingan), someah hade ka semah, bari pengkuh kana jati diri,
> masigitna teu ukur "nyarekan", inohong-inohongna teu ngadadak dangdut
> hareupeun kamera televisi, warungna siap nyodorkeun lotek atawa kadaharan nu
> jadi kamonesan urang dinya, barudak ngorana teu nyarakuan botol AO atawa
> Mansion House, nu daragangna teu mampang-meumpeung pedah nu meulina "urang
> kota". Tanwande matak dipikatineung. Urang Arab, pasar turisme nu can
> kagarap kalawan optimal, moal teu olohok ningali sawarga nu siga kitu.
> Paling ge tinggal ngaharewos ka travel biro – boh nu aya di jaringan PATA,
> IATA, atawa jaringan-jaringan alternatif pisan – sangkan eta wewengkon
> dicatet dina agenda maranehannana, jadi tempat pangjugjugan nu arulin.
> Mintonkeun kasenian? Bener ceuk GK: Cukup di bale desa, di buruan masigit,
> atawa di buruan pasantren jeung sakola (siga HBH Cibatu kamari). Teu kudu
> ieuh ngawangun gedong kasenian, komo nu ukuranna sagede Sabuga mah. Eta mah
> cukup di kota. Mun arek ge, nyieun bae tegal nu leuwih lega manan lapang
> mengbal. Tilu atawa lima kalieun lapang mengbal sugan. Bari tempatna
> dipuguhkeun jeung strategis. Naha hareupeun bale desa, masjid agung, atawa
> lawang desa pisan. Nu gunana, lian ti paranti olahraga jeung ngangon domba,
> nya jadi pusat kagiatan mun sakalina eta desa rek aya hajat atawa kariaan.
> Nu maraenna ge teu kudu make baju saragam, nu gugurilapan, komo make beskap
> jeung dibendo citak mah, saayana jeung sailaharna kahirupan sapopoe di eta
> lembur bae. Di mana tamu-tamu rek mareuting, kulemna nya di imah-imah nu
> aya. Teu kudu make nyieun hotel atawa penginapan. Komo nu sigrong, nu
> meakkeun waragad gede mah. Saayana bae. Da tadi tea: Kasadaran tataruang,
> sanitasi lingkungan, jste, nu satemenna dipiharep ku "tujuh ugeran" tadi,
> geus nyampak. (Beh dituna, mun dilenyepan leuwih jero: Sapta pesona teh geus
> kawengku ku ajaran-ajaran kolot baheula. Ngan nyakitu, kabengbat ku nu anyar
> – bari teu ngarti abcd-na. Padu anyar. Ongkoh barang anyar teh teu sirikna
> diwewel-wewel nepi ka enggon. Antukna, lembur endah siga Rancakalong ge,
> lian ti diacak-acak ku partai jeung kapentingan nu sipatna pondok, pajurawet
> ku paralon jeung botol aqua).
> Kukituna, soal kasenian eta, bisa-bisa cukup ditanggap di tepas salah sahiji
> imah nu aya di dinya. Nu lalajona ge cukup ngahenen di kamar, dina enggon,
> bari disimbut. Reupreupan, mapag sare, diayunambing ku jentreng kacapi.
> Atawa, ku sora nu... ngaderes Qur'an! Mun perlu pareuman sakabeh lampu nu
> aya di eta lembur. Cukup ngandelkeun cempor atawa bengrayna bulan. Beu! (Mun
> rek ngacapruk: Mangsa poek mongkleng kitu, teuing kumaha carana, anjing sina
> babaung. Hawar-hawar, di pipir imah, aya sora ngahihih... Bari riringkangan
> diharudum mukena atawa lawon bodas).
> Katineung nu mangrupa suvenir, asana teu hese. Lian ti potensi kuliner nu
> nyampak (kadaharan sarupaning dodol, opak, peuyeum, kalua, jste), industri
> karajinan nu sipatna ngamangpaatkeun potensi nu aya ge bisa bae diayakeun.
> Mun tea mah euweuh urang dinya nu bisa nyieun karajinan tina awi atawa kai,
> atawa tina siki karet jeung hanjeli, ondang urang luar. Naha mahasiswa,
> pengusaha UKM, atawa naon bae nu luyu jeung udagan oge kamampuan eta desa.
> Ondang urang Jalan Suci pikeun muka pabrik sablon di dinya, misalna. (Ceuk
> babaturan: Loba suvenir nu dijual di Bali jeung Lombok satemenna buatan
> urang Cipacing jeung Jatinangor, Sumedang. Karuhan kaos, topi, beubeur kulit
> di kaki lima mah. Meh kabeh buatan "urang Bandung". Bandingkeun jeung  kaos
> nu didagangkeun di Palabuan Ratu, Karangbolong, Pulorida,  atawa
> Pangandaran: buatan "urang Padang").
> Cara "ngajual kahirupan" siga kitu teh lain bae bisa diterapkeun di
> pilemburan. Di kota ge teu munasabah. Da, koncina: Hirup guyub, teu
> aing-aingan, bari produktif, sehat, jeung kreatif. (Tingali pangacprukan
> kuring, Ua Sas jeung Al Nadim). Di Solo jeung di Yogya, kaasup Magelang,
> buktina. Sawatara kampung nu aya di eta kota geus lila jadi panonoban para
> turis lokal jeung mancanagara. Boh nu kelas backpacker atawa kelas borjuis
> pisan. Sanajan kampung-kampung wisata eta umumna masih ngandelkeun kharisma
> atawa sawab Solo-Yogya salaku "pusat" budaya Jawa, fenomena Padepokan Lemah
> Putih, sawatara kampung di sabudeureun Prambanan jeung kampus ASRI heubeul,
> oge sawatara kampung lianna di Yogya jeung Solo, teu malulu ngandelkeun
> kharisma tadi – bari sawareh mah jajauheun tina asri.
> Di urang, di Tatar Sunda, lolongkrang keur kitu asana pabalatak. Malah, pan
> Jakarta mah geus prak – ku Jalan Jaksa, salaku kampung wisata urban, jeung
> Pondok Labu, minus kasenian nu "wajar". Di Bandung, sanajan geus heurin ku
> tangtung, lembur-lembur heubeul, bari masarakatna masih guyub, asana masih
> loba. Di Cirebon, kampung Trusmi, oge kampung lianna, potensial pisan pikeun
> jadi kampung wisata, lain ukur tempat wisata (dagang atawa wisata kaagamaan)
> – infrastrukturna geus nyampak, boh industri batik, boh makam Buyut Trusmi,
> tinggal ngababenah tataruang jeung satinasi lingkungan jeung kulinerna.
> Karuhan di kota Cianjur, Bogor, Sukabumi, Rangkas, Lebak, Purwakarta,
> Karawang, Sumedang, Majalengka, Garut, Tasik, Kuningan jeung...Ciamis mah.
> Bisa pisan.
> Pasoalannana: Minimna visi jeung leadership! Boh nu nyampak di pamarentahan
> atawa birokrasi, boh di masarakatna sorangan. Kaasup kalangan seniman jeung
> budayawannana. Nu hiji masih cueut kana modal gede atawa kapitalistik,
> dibarungan ku  sumanget cash and carry; nu hiji masih nganggap kasenian,
> tradisi, jeung kabudayaan, salaku hal anu luhung, nu ngapung di awang-awang
> jeung "sakral" sakaligus "mistis". Dina harti, haram dipakaitkeun jeung
> urusan beuteung. Padahal, kumaha rek ka langit mun beuteung kukurubukan?
> Bisa-bisa, karah ka asup angin, pan?
>
> Salemba, 17 Februari 2007
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>
>  ________________________________
> TV dinner still cooling?
> Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.
>
>
>
>  


-- 
budhi at urang-sunda dot net


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/lOt0.A/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke