kang maman, oge baraya lianna. sikuring mah apal patat teh komo karek kamari. kitu ge ukur daunna. upami aya nu paralay terang mangga jugjug tukang toge goreng di bogor. (sumpah togena mah teu digoreng :)) ). daun patat biasa dipake mungkus (sabangsaning) leupeut atawa lontong pikeun campuran toge goreng. oge dipake lamun aya nu hayang toge gorengna dibungkus.
hiji-hijina toge goreng nu geus dua kali diasaan (salila hirup dibogor karek 3 kali ngasaan), aya di jalan juanda deukeut kantor pajeg kota bogor. nu ngajualna hiji aki sepuh, alah hilap namina mah. propilna mucunghul dina majalah balebat bulan februari. kuring, dh On 3/3/07, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
*Patat* Na ti mana ari ngaran kota Garut, nu kawentar ku dodol, domba, ajengan, jeung mojang geulisna? Tina Basa Sunda atawa Basa Malayu? Soalna, lian ti di Garut aya lembur nu ngaranna Kampung Malayu, *garut* dina Basa Indonesia mah singhoreng patat. Tutuwuhan nu istilah Latenna *Maranta arundinacea*. Mun ningali gambarna mah, keur kuring, ieu tatangkalan teh siga koneng atawa jahe. Daunna neros manjang, (sigana) watangna oge malapah. ,___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

