> From: "netta fahad" <[EMAIL PROTECTED]>
> Tapi cobi tingal Jepang sareng Korea Selatan, oge
> China...Naha bet tiasa maju,ninggalkeun jauh nagara2
> Asia Sejena. bahkan tiasa nandingan eropa oge
> Amerika???

Hehehe ........ enya leres Kang, da di jepang, Korsel jeung China mah maju 
lain kulantaran Yahudi. Ceuk kuring mah majuna hiji nagara/bangsa lain 
kulanataran faktor aya Yahudi atawa henteuna, tapi ku sistemna. Urang Yahudi 
nu nganjrek di Timur-Tengah atawa Afrika, nya sarua we jeung etnik sejenna 
nu sanagara. Yahudi maraju di Eropa / Amerika kulantaran ku sistem. Yahudi 
kaciri nonjol di Eropa/Amerika, ieu kulantaran umumna kaum minoritas lamun 
digawe sok leuwih soson-soson tinimbang kaum mayoritas. Kabuktian di urang 
oge, etnik China nu minoritas langkung maju tinimbang urang pribumi.

Lamun urang hayang maju, hayu turutan bangsa kulon dinu harti nu positifna, 
da Jepang, Korsel jeung China oge mimitina mah nurutan urang "Kulon"!

(bari luak-lieuk heula bisi aya nu nyarekan ......)

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke