Upami sabagean Basa Sunda teu diajarkeun...engke Barudak tiasa terangna liwat 
naon???
sapertos nami2 anak sato ,,,,eta nami2 teh tos tereh punah jalaran arang pisan 
aya nonoman Sunda anu terang nami2 eta. Padahal eta teh mangrupakeun hiji ciri 
nu mandiri dina Basa Sunda. Da di basa malayu mah teu aya geuningan...
Anak sapi nya anak sapi we....Pan di Sunda mah, Anak sapi teh Belo...Anak gajah 
mah menel...anak ucing=bilatung...anak gogog= enyeng......sareng rea2 
deui....anak hayam=itik....

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
numbu paguneman nu geus pernah,

kamari kuring jeung balads, ngaluuhan acara nancebkeun tatapakan munggaran 
pikeun kampung sunda di kampung menteng, desa pasir eurih, bogor. sarengsena 
ningali (enya da ukur lalajo), sapuk rek silahturahmi ka bumi alm. mang saleh 
danasasmita, di sindangresmi bondongan. limaan nu indit teh. kuring, yayan 
(jajak_subang), hadi (hadeesign?), pimred balebat kang hendra jeung kasepuhan 
balebat pa inotji. 

teu kacatur kukurilingan neang imahna mah. saeutik nyasar da. pokona mah nepi 
we ka bumi mang saleh. nu narima istrina, hilap deui namina mah. nu inget teh 
basa ngenalkeun: cenah ngaran ibi mah teu pati sunda. mimiti tina t 
ditungtungan ku h.  

ngobrol ngaler ngidul di rohangan hareup imah mang saleh. ti mimiti ngeunaan 
karya-karyana mang saleh, buku-buku koleksina nepi ka medar pangalaman baheula. 
karya jeung koleksi buku mang saleh cenah geus dihibahkeun ka unpas bandung. 
saacan dibikeun ka unpas, si ibi ge nyarita loba karya mang saleh nu 
laleungitan. nu diinjeumkeun teu baralik deui. ku jalaran eta sikuring menta 
tulung ka dulur salembur baraya sajagat ieu milis upama aya nu terang komo dugi 
ka ngagaduhan karya mang saleh mangrupa kumpulan tembang jeung naskah-naskah 
drama, tiasa masihan infona ka ieu milis wae heula. 

obrolan nepi ka pangajaran basa sunda. aya usul ti si ibi keur nu sok nyieun 
kurikulum basa sunda. cenah barudak teh ulah sina diajar nu hese. nu hese cek 
siibi, diantarana kudu ngapalkeun ngaran anak sato jeung ngaran kekembangan. 
leuwih hade barudak teh diajar basa sunda nu praktis bae. 

sakitu bae, hampura upama basana ngalilieur

-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com  . deha.wordpress.com 
     
                       

 
---------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question 
on Yahoo! Answers.

Kirim email ke