Cobi geura ku ubar kampung :
Koneng di parud terus diperes, caina + madu diinum, tuangna bubur
saeutik-saeutik tapi sering langkung sae sareng kikil, teras ngemilna
biskuit mari atanapi ongol-ongol.. nu terakhir sing seueur ngadu'a
sing didamangkeun ku Allah,nu sanesna mah tos diserat ku Kang Iman..

Mugi sing enggal damang...

 Haturan

Tato

2007/3/5, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>:
> Duh hawatos pisan ....
> Emut waktos kapungkur ... ngalaman kitu teh, tapi henteu dugi ka jojorowokan
> mah
> Seueul, peurih, ngusial, sebel, mules jrrd
>
> Kuring mah resep na kieu
> 1. Obat maag teu sirikna siga sangu (tapi kedah ka dokter heula, kumaha
> dosisna)
>     Ieu jang ngaleungitkeun "asam lambung" anu ayeuna keur loba dina peujit.
> 2. Dahar nu gede, jang ningkatkeun tanaga jang ngalawan nyeri na.
>     tapi kudu pipilih
>     tong waka kacang-kacangan (lamun keur karasa)
>     tong waka dahar engkol
>     tong waka nginum susu komo nu murni mah (mengandung asam)
>     tong make bumbu pedes, pecin (membentuk gas cenah dina peujit)
>     tong dahar cau, nangka, duren (seueul)
> 3. Dahar ayeuna mah bubur heula
> 4. Tong ngarasula, sing tawakal da lain panyakit nu can panggih ubarna
>
> Ngan efek samping biasana sok barusuh
> mun geus cageur mah na mah bere we gedang
>
>
> Mun geus cageur
> 1. teu meunang nginum  kopi kajeun saeutik oge.
> 2. Teu meunang pisan dahar nangka jeung duren dalam segala bentuk, bisa KO
> ku ieu mah
> 3. Teu meunang bubur kacang, engkol
> 4. teu meunang pedes, haseum , lada
> 5. tong telat dahar kudu teratur dahar.
>
> sok ah cobian
>
>
>
>
> On 3/5/07, aldo desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    DEAR
> >
> > simkuring keur dibere ujian ku Allah SWT, pun adik Awewe keur nuju teu
> > damang, ku lantaran panyawat Maag Kronis nepi siga nu teu sadarkeun
> > maneh.... gurang garung teu pararuguh jojorowakan siga kitu ... kunaon
> nya??
> > ceuk ustad mah teu kunanaon tapi siga nu kasurupan kitu... ALLAHU AKBAR
> kudu
> > kumaha atuh simkuring teh...?? sa tos na pun aki wafat teras wae kajadian
> nu
> > teu pararuguh teh sim kuring keur ikhtiar make ubar kampung kusabab make
> > dokter mah tos bebeakan sikuring teh teu damang2 wae.. ya Allah mun rek di
> > pulangkeun nya mangga wae atuh mun ningali siga kitu mah sikuring teu tega
> > ... awak begang mata celong.. naha nepi ka kiyeu ka ayaan teh pi kasusah
> teh
> > aya wae ...
> >
> >
> >
> >
> >
>

Kirim email ke