Pami numutkeun dina koran PR online mah, Pak Koesnadi teh teu ngantunkeun
kang.
Tapina dirawat di rumah sakit TNI AU. Beritana tiasa ditinggali didieu
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2007/032007/08/0101.htm

Hatur nuhun

-Bohay-

On 08/03/07, enton supriyatna sind <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Innalillahi wa innailaihi roji'uun

Pak Koesnadi Hardjasumantri, tilas Rektor UGM, salah saurang panumpang
Garuda nu kaduruk di Bandara Adisutipto Yogya, parantos ngantunkeun.

*Waluya <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 Ceuk beja, salah saurang panumpang Garuda nu kaduruk di Yogya teh Prof.
Dr.
Koesnadi Hardjasumantri, Guru Besar Fakultas Hukum UGM jeung UI, urut
Rektor
UGM jeung nu leuwih penting deui Prof. Koesnadi teh urang Sunda, lamun teu

salah mah urang Tasik. Cenah mah dugi ka wengi ieu nasib anjeunna teu acan

jelas, naha anjeunna teh salamet atawa henteu.

Aya sabaraha urang ahli hukum nu urang Sunda nu sok jadi acuan di nagara
urang. Saha nu teu bireuk ka Prof. Muhtar Kusumahatamaja nu nyieun konsep
Nusantara. Jeung aya sabaraha urang deui, nu kuring poho deui aranna, boh
ti
kalangan akademisi atawa ti kalangan praktisi hukum, pangpangna hakim
atawa
jaksa. Beda jeung ahli hukum asal Sunda sejenna nu umumna tamatan UI atawa

UNPAD, Prof Koesnadi mah tamatan UGM, ngajar di almamaterna jeung kungsi
jadi Rektorna. Rada aheng oge aya Urang Sunda mimpin sakola nu make aran
"Gajah Mada", nu di tatar Sunda mah (iwal di Jakarta) teu aya jalan nu
make
aran "Gajah Mada".

Cenah mah anjeunna teh nincak yuswa 80 taun, tepung taunna nembe
dirayakeun.
Mudah-mudahan we kajelasan nasib anjeunna enggal kapendak ...............

Baktos,
WALUYA


------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo!
Games. <http://us.rd.yahoo.com/evt=49936/*http://videogames.yahoo.com>

Kirim email ke