820 ka Tandes ka Ranobawa. 
        leu(m)pang aing ngaler ngetan 
       Sacu(n)duk aing ka Dingding,
       eta hulu dewaguru.
       Samu(ng)kur aing ti (i)nya,
825 datang ka Panca Nagara. 
       Sacu(n)duk aing ka Sampang, 
       sanepi aing ka Ge(n)ding, 
       meu(n)tas di Cirabut-wahangan. 
       Sadatang aing ka Lesan, 
830 inya lurah / Pajarakan, /15v/ 
       leu(m)pang aing ngidul ngetan, 
       ngalalar ka Kaman Kuning, 
       ngalalar ka gunung Hiang, 
       disorang kalereunana. 
835 Sadatang ka gunung Arum, 
       na lurah Talaga Wurung, 
       ti kalerna Panarukan, 
       ka kencana Patukangan. 
       Sadatang ka Balungbungan, 
840 di inya aing ditapa, 
        sa(m)bian ngeureunan palay. 
        Teher(ing) m(e)rela(k) najur, 
        tehering na(n)jeurkeun li(ng)ga, 
        tehering puja nyangraha, 
845 puja nyapu mugu-mugu, 
       ma(ng)nya(m)bat-walakeun maneh. 
       Di (i)nya aing teu heubeui,
       satahun deung sataraban. 
       Teka waya na bancana. 
850 Datang tiagi (wa)don,
       na rua mamarayaeun. 
      Teka beka mulung lanceuk, 
      carekna: 'Kaka lanceuking, 
       Rakaki Bujangga Manik, 
855 haup aing ebon-ebon, 
       aing na pitiagieun, 
        manan hese ku mamaneh, 
        rusuh ku na panga/wakan, /16r/ 
        heman ku na karuaan'. 
860 Carekna Bujan(ga) Manik:
        'Ku ngaing dirarasakeun. 
        Bawaing apus sata(m)bi, 
        Ngaran(n)a na Siksaguru. 
        Carek di na apus tea:
865 "Kadiangganing ring geni, 
        lamun padeukeut deung eu(n)juk, 
        mu(ng)ku burung eta seungeut,
        kitu lanang deungeun wadon".' 
        Sadiri aing ti inya,
870 leu(m)pang aing ka-lautkeun, 
       sugan aya nu balayar,
       aing dek nu(m)pang ka Bali. 
       Sadatang aing ka laut,
        kumuliling turut tasik,
875 kumacacang turut tancang, 
       nanyakeun nu dek ka Bali. 
       Momogana teka waya.
       Kasa(m)pak aki puhawang, 
       na puhawang Selabatang,
880 dek ineu(n)tas ka nusa Bali,
       dek tuluy layar ka Bangka. 
       Aing dek nu(m)pang ka Bali. 
       Sauma Bujangga Manik 
        Rakean Ameng Layaran:
885 'Akiing juru puhawang,
        aing dek nu(m)pang ka Bali. 
        Lamuning datang ka inya, 
        aya pangerahan a/ing.' / 16v/ 
        Carek aki Selabatang:
890 'Lamun hayang nu dek meu(n)tas, 
       sui dipawalangati. 
       U(ng)gah onam ka parahu, 
       tu(m)pak di na jurung pangkuh, 
       deuuk di gagarebongan.'
895 Saa(ng)geus u(ng)gah ka
        ma(ng)gung [parahu] 
        bogoh ku tawas [tawas] parahu. 
       Parahu jati diukir, 
       ka luhur dinanagakeun, 
        teka be(n)tik ti kamudi.
900 Bogoh aing ku parahu.
       Ra(m)pes beunang ngadangdanan, 
       mibabahon awi go(m)bong,
       mitihang awi nyowana,
        mipanggiling haur kuning,
905 misare kawung cawene, 
        midada(m)par haur seah.
       Kamudi kamudi Keling.
        [ms. k. kamuning K.] 
        Tihang layar kayu laka, 
        hurung beunangna ngahi(ng)gul,
910 siang beunang ngaj(e)rinang. 
       Apus dangdan hoe muka, 
       pabaur hoe walatung, 
        diselang deung hoe omas.
       Tali bubut kenur Cina. 
915 Carenang dayung na eu(n)teung,
       dayung salawe salaya.
       Beuteung reueus ku sa/kitu, /17r/
        bogoh ku nu mawa inya,
        bibijilan para nusa. 
920 Nu badayung urang Marus,
        nu babose urang Angke,
        nu balayar urang Bangka,
        juru batu urang Lampung,
        juru mudi urang Jambri, 
925 juru wedil urang Bali,
       juru panah urang Cina,
        juru tuiup ti Malayu,
       juru amuk ti Sale(m)bu,
        pamerang urang Makasar, 
930 juru kilat urang Pasay,
       nu ni(m)ba jo(m)pong sagala, 
       pani(m)ba u(n)dem salaka. 
       Putih kajang pucuk nipah, 
       langgang tihang pakajangan.
935 Na layar ma(n)je(r) ke(m)bang,
       hir na angin bar na layar. 
       Masang wedil tujuh kali,
      [t.wedel] sarunay dipikingkila, 
       ing na goong brang na gangsa,
940 goong kuning tumalapung, 
      kingkila nu bikas layar. 
      Seah na ge(n)dang sarunay, 
       seok nu kawih tarahan, 
       nu kawih a(m)bah-a(m)bahan:
945 Ba(n)tar kali buar pelang.'
       Buat di manggung parahu,
       balayar taraban poyan.
        Sadatang ka nusa Ba / li, / 17v/ 
        sauma Bujangga Manik:
950 'Akiing juru puhawang, 
       eboh midua rahayu, 
       e(boh) ta urang papasah. 
       Dahini kaen aing,
       pangwidian aing.
955 Eboh midua rahayu,
        kita ma ma(ng)gih k(e)reta, 
       awaking ma(ng)gih rahayu.' 
       Carek aki Selabatang:
        'Samapun mahapa(n)dita, 
960 kami nema pangwidian.

(Tuluykeuneun)

MSasmita

Kirim email ke