Abah Duhe nu tos sepuh (95,123 taun) hiji mangsa nyeri sampean nu kenca. ku incuna diajak ka dokter. diparios kaasup suku nu katuhu nu teu nyeri nanaon. sumping ka dokter, gancang dipariksa. terus dokter nulis resep obat tea. "dok, kira2 panyakit suku abah teh naon?" dokter ngajawab bageur, "ah, biasa abah, panyawat tos sepuh.."
balik ti dokter, Abah Duhe ngahuhuleng dina mobil incuna. "kunaon abah ngahuleng?" cek incuna. "eta, jang, abah teh teu ngarti omongan dokter." "naha kitu?" "tadi pan ujang ngadenge, cek dokter, panyakir suku abah pedah geus kolot." "muhun. na kumaha, kitu?" "lain, naha ari suku nu katuhu teu kitu teu kieu, apan umurna ge sarua." mj http://geocities.com/mangjamal

