Pami bade ka San Diego Hills, kaluar ti tol Karawang Barat kira2 500
meteran. Posisina beh katuhu. Lamun lempeng brasna ka Lembah Kenangan asana
mah. Nu ieu mah rumah masa depan kanggo urang tionghoa. Tapi teu aya rumah
masa kini-na siga di San Diego. Duanana pastina mahal cenah. Da ajangeun nu
jaregud.

Ceuk cenah, boh di LK tawa SD kuburanna pikabetaheun ningalina. Pan mahal.
Make AC sagala. Teuing matak betah henteuna jang nu ngeusian mah. Da can aya
nu kungsi nyobaan terus balik deui.

Mending ge kaluar ti Karawang Timur laju ka bendungan Walahar, huluwotanna
Kalimalang. Aya RM Sunda, bisi rek nyobian sabangsaning pais tahu, pais
oncom, pais peda beureum jrrd. Pokonamah rek digoreng, dipais tawa dibeuleum
sagala nyampak.

Eh, naha tina kuburan bet ujug2 mengkol kana kuliner.

baktos,
teja

Kirim email ke