nya enya atuh. da moto nu nembrak (eh comro atawa combro nya? haha) mah geus
biasa. kabeh ge bisa. cek nu resep naek turunkeun adrenalin mah cenah taya
tangtanganna.ongkoh deuih ditambah ku aya babasan nu ieu tea: nu dilarang
mah nya endah nya ngeunah nya bakal ngawentarkeun. pan kabeh pada hayang
ngabuktikeun.

kumaha batur? ah eta mah nya enya eta tea... paduli sia! ayeuna mah jaman
bebas lin, kumaha uing.

mun teu nyambung, marasang wi fi yu!? :D

dh

On 3/8/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Kageuing ku obrolan tadi peuting jeung Kang Maman, jadi hayang
ngomentaran....

Duka kunaon nya, urang mah sok beuki maceuh mun dicaram teh. Nya model si
Odon tukang nyolong poto ieu... Geus puguh moto di dinya teh dipahing, tapi
keukeuh we hayang moto. Enya ketang kitu soteh batur, da urang mah nurut.
Tapi, buktina, nempo kamaheran batur maling2 moto, urang geuning kalah
muji... Mun ceuk kasar tea mah, dasar jalma barodo... ni gampang pisan
ditipuna...

Ketang, eta mah kumaha sewang2an bae... naha rek ngahormat kawijakan atawa
aturan anu aya di eta kampung atawa henteu, pek teh teuing... Malah mah pan,
beh dituna deui, boa paduli boa henteu kana kahirupan maranehna... Pira ukur
objek... Eksploitasi? Meureun...

sikandar <http://kumincir.blogspot.com>

_,___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke