hahahahaha Kang Asep jigana keur milih helm nya? -----Original Message----- From: Asep Hadiyana [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, March 09, 2007 9:03 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol !
Panuju kang, Nambihan: Ceuk anu hayang salamet: "siap-siap euy lamun aya kapak merah tinggal nabrak atawa tinggal mundur" Janten wajar lamun aya tawis-tawisan (basa legegna mah trade off) antara kanyamanan (naon basa Sundana, nya?), kaamanan, jrrd sareng penghematan bahan bakar. Trade off ilahar dimana-mana; cobi tingali pengemudi di nagara-nagara sanes! Sami. Mung aya trade off antawis kasalametan sareng penghematan anu waragad na awis teuing, contona kawijakan Pemda DKI anu ngawajibkeun motor ngahurungkeun lampuna dina waktos siang. Boros luar biasa! Upami kawijakan sarupi diterapkeun di nagara-nagara caket kutub mah relevan kumargi siang oge (husuna waktos musim dingin) rada angkeub, tapi upami diterapkeun di Jakarta anu waktos siangna caang padang narawangan, asa kabina-bina teuing. Salam, Asep Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ceuk Nu Make AC (mobilna sae): "Panas euy lamun mesin mobil kudu dipaehan" Ceuk Nu Teu Make AC (Mobilna kirang sae): "Puguh hese starter.. der mesin dipaehan!" Ceuk Nu Motorna Alus: "Motor uing mah irit pisan, moal beak 1cc nungguan lampu hejo" Ceuk Nu Motorna Rada Goreng: "Puguh pas distarter teh gas kudu digedekeun, malah leuwih boros, barina oge hoream kudu ngengkol" Ceuk Nu Motorna Goreng: "Ngke lamung lampu hejo nu rek ngadorong motor uing saha?" Ceuk nu gumasep: "Ieu teh kenalpot weuteuh, impor, geura dangukeun.." Ceuk Amerika: "Good.. Good.. Good.. You're such a good oil customer of OUR oil company.. keep up the good work!" iwan ukurbisapipilueun ----- Original Message ----- From: kumincir <mailto:[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] <mailto:[email protected]> ups.com Sent: Thursday, March 08, 2007 2:51 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol ! dina tipi sababaraha waktu ka tukang sok aya iklan/kampanyeu ramah lingkungan, di antarana kartun nu ngagambarkeun paripolah nu mawa mobil pas kapegat lampu beureum. Mun teu dipareuman matak ambek nyedek, tanaga midek, langit mulek. Mun milih dipareuman, manuk ge tingcaruit nyalampeurkeun. Ceuk cenah, jelema mah sok kudu bae digeuing. Lamun panggeuingna teu robah2, angger, biasana lila2 sok kapopohokeun, don waro, jadi talobeh. tah, sakali-kali mah kudu bae digebrag, ngarah inget deui kana panggeuing tea. On 3/8/07, irpan rispandi < mr.rispandi@ <mailto:[EMAIL PROTECTED]> gmail.com> wrote: Di Jakarta, lampu merah duka teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun. tapi, ampir kabeh mesinna tetep hurung. Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi: - lampu merah rata-rata hurungna 1-2 menit. - hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin hurung, dina samenit meakeun 1/sekian liter bensin. - di jakarta hungkul aya sabaraha juta motor 100cc ? - pisabaraha litereun bensin bakal beak, sakali lampu merah. _____ Don't pick lemons. See all the new <http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE0OGRsc3F2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3Y2Fycw--> 2007 cars at Yahoo! <http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE0OGRsc3F2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3Y2Fycw--> Autos.

