Kumaha damang Kang Rahmat..?
Cobi dihubungi dalang Opik Asep Sunandar Sunarya.
Kang Opik teh dalang minimalis, tapi sanes hartosna teu tiasa ngadalang
ilaharna dalang nu sanes. Disebat dalang minimalis, pedah eta sering
ditanggap dina hal-hal anu teu kagarap ku dalang sanes.
Samodel muka bedah pustaka (loncing buku), atanapi janten bubuka dina
sawala, jste. Kamari waktos mieling Poe Basa Indung oge ngiring ngareuah
reuah, mung nganggo sababaraha wayang, nu janten maskotna Si Cepot sareng
Gunawan ( gunawan teh wayang wanda buta anu dugul, sigana singgetan tina
gundul menawan tea). Acara anu rutin sok dieusian ku dalang Opik dina
Bandung TV, meh unggal wengi, komo waktos sasih saum nu kalangkung, maturan
nu bade saur.
Pangna nami Asep Sunandar Sunarya ditempelkeun dina namina, wireh dalang
Opik kantos nyantri (guguru) di dalang Asep Sunandar S, nya kasebat muridna
dalang Asep, ampir sadayana muridna Dalang Asep kenging nempelkeun nami Asep
Sunandar Sunarya.
Mangga di kontak dina no Tlp 022-70782647, HP 081322335757, 081321343394.
Alamat bumina : Kp Kebon Hui RT 02 RW 03 Cigugur Girang Kecamatan Parongpong
Bandung (Parongpong teh di daerah Lembang)
atanapi ka Sekretariatna : Jl Pangsor No.272 Cigugur Girang Parongpong
Bandung Tlp 022-2700547
Dalang Opik sae ditanggap di Perguruan Tinggi, (sanes promosi ieu mah mung
ngiring ngarekomendasikeun bae, wireh rada sering nongton tur rada sering
ngawangkong, elmuna lega, sae ambahanana, sanggem gaul sareng seniman,
birokrat tur ilmuwan..)

MSasmita

----- Original Message -----
From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, March 08, 2007 10:30 AM
Subject: [Urang Sunda] Peryogi pangaos nanggap Dalang


> Kuring peryogi nami-nami dalang wayang golek
> sakantenan pangaosna, pami tiasa mah sakantenan alamat
> sareng nomor telponna, atanapi kedah kontak ka saha.
> Aya rencana September nu bade dongkap di kampung
> kuring (Kampus UI Depok) bade ngayakeun kariaan
> mieling 20 tahun UI di kampus Depok.
> Hatur nuhun.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>


Kirim email ke