Dina buku2 anu kantos kabuka, ngeunaan Kean/Kian Santang teh memang minim pisan rujukanana. Dina buku Yuganing Rajakawasa (asana mah), Kean Santang teh kasabit saeutik, nyaeta Raja Sangara tea, putra adina Walang Sungsang anu bungsu. Aya oge nu nyebutkeun yen Kean Santang teh hirupna sajaman jeung Kanjeng Nabi SAW (sigana mah ngarujuk kana wawacan Gagak Lumayung), patali jeung 'klaim' yen asupna Islam ka Tatar Sunda teh ti jaman Nabi jumeneng keneh. Tapi nya kitu tea, buktos2na mah teu aya... Anu pasti, dedegan Kean Santang teh raket pisan jeung carita sumebarna Islam di tatar Sunda.
Bilih bae hoyong uninga langkung eces, mangga cobi 'amengan' ka Godog... On 3/12/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kian Santang putrana Prabu Siliwangi, duka ti istri nu mana can kabaca, ari ngaran lengkepna Ki Hyang Santang Aria Cakra Buana, sok disingget Kian Santang. Dian sajarah resmi aya ge Raden Cakra Buana keur ngorana katelah Walang Sungsang boga dulur ngarana Raja Sangara jeung awewe Rara Santang, satuluyna Rara Santang boga budak Syarif Hidayatulloh nu engkena jadi Suna Gunung Jati ti Cirebon. Dina wawacan Gagak Lumayung, teu dijujut awalna, ngan geus jleg gede weh, geus neangan kasaktian ka tanah Arab nu satuluyna panggih jeung Bagenda Ali tea.
-- sikandar kumincir.blogspot.com

