Ass Baraya, bara kuring sakola keneh di SLTA. Remen sok ulin ka Bumina Ustadz kuring anu lulusan arab. LC, gelarna. Di bumina teh seueur pisan kitab. Aya Fathul Barri, hilap deui jilina sabarha. Ngan tanding lah sareng Great Books mah. Aya deui kitab-kitab tafsir saperti "At Tabari" aya anu nganggo syarah, jrrd. Basa di Jakarta, pas na basa pameran, kuring ulin ka Darl El FIkr. Salah sahiji penerbit anu sok ngaluarkeun kitab-kitab anu dipigaduh ku UStadz tea. Fathul Bari, pangaosna teu kirang ti 700 rebu (tahun 1995). Duka ayeuna mah.
Ieu netelakeun yen harga kitab-kitab teh edun oge. Tapi, ayeuna urang kudu syukuran. Aya jalma anu haat ngadigitalkeun eta kitab, teras difreekeun. Keun we, da ulama-ulama sapertos Bukhori, Muslim, atawa Imam Syafi'i jrrd, pasti tos teu wegaheun royaltina tina copy right (meureun, ketang). Jadi syukuran we lah. Tah mangga anu aya niat ngoleksi bari bacaeun, tinggal diunduh dina http://www.shamela.ws/ Baktos Tantan

