Susuganan tacan kabeurangan. Rek ngiluan mairan sauted ah... 

Kahiji, ngeunaan ngitung penampang kabel. Eta mah gampang atuh. 
Penampang kabel biasana mangrupa "lingkaran". Baheula, keur sakola 
SD, kuring diajarkeun ku guru matematika ngitung luas penampang 
lingkaran teh ngagunakeun rumus ieu :
PI x r^2 atawa PI x d^2 / 4
dimana :
PI = 22/7 atawa 3.14....
r = jari-jari, d = diameter ===> d = 2 x r

Kadua, ngeunaan buku dasar-dasar listrik. Seueur Kang, bilih Akang 
gaduh saderek nu sakola SMP atanapi SMU, mangga taroskeun weh insya 
Allah gaduheun...Di searching di Geogle oge gampang eta mah.

Ngeunaan patarosan nomer tilu mah, kuring lain ahli na. Jadi no 
comment weh nu ieu mah.



Baktos,
OTA

--- In [email protected], enay <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Ass...
> kahatur wargi sadaya ....
> manawi aya anu ngartos kana listrik...
> tiasa ngabantos abdi....
> 
> 1. Upami ngetang penampang kabel kumaha rumusna?
> 2. aya anu gaduh buku dasar listrik teu ? 
> 3. terang teu perkawis....listrik instrument sareng alat-alat anu 
sok dianggo kana listrik instrument..
> 
> nyuhunkeun tulungya ka sadayana..
> 
> hatur nuhun
> 
>  
> ---------------------------------
> Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
> Try the Yahoo! Mail Beta.
>


Kirim email ke