WANCI PECAT SAWED:
Sawed teh hiji alat nu nyantel kana Wuluku (Bajak: Indonesia). Biasana para
patani mun ngawuluku serang (sawah) teh sok dugi ka jam 11an. Da meureun kudu
siap-siap rek solat lohor. Jadi sajam teh keur reureuh jeung beberesih. Jadi we
jam 11an teh katelah oge Wanci pecat sawed....
----- Original Message -----
From: Siddik Wiradireja
To: [email protected]
Sent: Tuesday, March 13, 2007 9:59 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Waktu Sunda
Bade dijojoan anu terangna we, punten pang lereskeun upami lepat.
manawi kaanggo.
ssw
mamat rachmat [EMAIL PROTECTED]
Neraskeun obrolan jeung babah
Iwal ti Kian santang, manehna nanyakeun Ngaran waktu dina basa sunda
Anu kapendak ku simkuring :
Kongkorongok hayam jam 3 subuh
Wanci/waktos/waktu biasa hayam kongkorongok munggaran..
Carangcang tihang jam 5.30 isuk-isuk
Wanci/waktos/waktu tihang-tihang bumi ngawitan katinggal/wates
antara poek sareng caang/jelas, dina wanci ieu sakur barang tos tiasa
katinggal belegedeganana, namung teu acan jelas.
Meletek Panon poe jam 6.00 isuk-isuk
Wanci/waktos/waktuna panon poe mucunghul
Pecat sawed jam 11-an
Wancina/waktosna/waktuna patani ngaleupaskeun sawed tina punduk munding
dina usum ngawuluku/ngagaru disawah.
Dedeg poe jam 12-an
Lingsir ngulon jam 15-an
Wanci/waktu/waktos panonpoe condong ka kulon
Sareupna jam 18-an
Wanci/waktos/waktuna sa-reup-reup-eun bade poek, sawangsulna tina
carangcang tihang
Budak ceurik jam 24-an
Wanci/waktos/waktuna budak anu tos sare lilir munggaran, ceurik hoyong
nyusu.
.ngan pertarosnana kumaha cenah "asbabun nuzulna" ?....
Cing tulungan... Kumaha cenah..
Sugan Kang Oman bin "kamus berjalan", oge para wagi sadaya mugi tiasa
nulungan..
Hatur nuhun.....
Wassalam : Mamat Rachmat Mantan Jajaka Kapaksa
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda