Waalaikum salam wr. wb.
Innalillahi wa inna ilaihi rojiun, sami sim abdi ngiring prihatin ku mulih
kajati mulang kaasalna tuang Bibi, pidu'ana mah sami sareng saderek A. Gunawan.
Amiinn ya robbal alamiinn..
Pihatur,
ssw
Akhmad Gunawan [EMAIL PROTECTED]
Assalamualaikum Wr.Wb.
Duh bah Willy nyanggakeun tahni'ah ti simkuring Inna lillaahi wa inna ilaihi
rooji'un mugia anu ngarantunkeun teh sing ditampi iman islamna, dihapuntn
sadaya kelepatannana tur ditempatkeun di tempat anu dipikaridlo manten-Na oge
anu dikantunna dipaparin kakiatan, kasabaran tur kaikhlasan. Amin.
Wassalam,
WAG
Waluya [EMAIL PROTECTED]
Na ari subuh-subuh, kring telepon ti lembur, ti Sumedang, ngabejaan pun
Bibi ngantunkeun.
Reuwas da teu terang udurna. Pun Bibi teh hiji-hijina dulur
almarhum pun Bapa nu masih jumeneng keneh. Ceuk nu ngabejaan pun Bibi teh pupus
dijalan, waktos bade dicandak ka RS.
Jam 7 kuring geus ngabelenyeng deui ka Sumedang disupiran ku si Cikal, teu
sanggup kudu nyupiran sorangan mah, geus cape teuing. Dina mobil ngaguher
sare, padahal jalan macet, biasa di jatinangor, ari Poe Minggu teh sok
macet, loba nu dagang di lawang asup ka kampus Unpad. Tepi ka lembur teh jam
10 leuwih. Ngaburu ka imah Bibi, ari pek teh geus dicandak ka kuburan. Tepi
ka
kuburan, layon geus beres dikurebkeun, nu ngurebkeun jeung nu nganteurkeun
keur ngadaro'a. Kuring ngiluan ngado'akeun pun Bibi. Beres ngado'a. nu
nganteurkeun bubar. Kuring nyegat Mang Rayadi carogena Bibi, uluk salam,
terus sasalaman, bari sasadu, telat nepangan. Teu lila Euis, anak Cikal pun
Bibi jeung Carogena, nyampeurkeun ngagabrug, "Mamah ...Ang, Mamah .... Ang
......". Cenah. Rumasa epes meer, kuring ngabalieurkeun beungeut. Euis ka
kuring teh sok nyebut wae Aang (=Akang) pedah meureun kapilanceuk, sanajan
ari umur mah, kuring sahandapeun manehna. Teu lila adina, Teti oge sarua
ngagabrug, bari nyarita :" Nyuhungkeun dihapunten sagala kalepatan Mamah
Ang ....". Kuring ukur bisa unggeuk, teu bisa ngomong, sedih .......beuki
areuweuh we anjangkeuneun di lembur teh.
Balik ti makam, kuring ka imah Bibi, tapi ngan sakeudeung, teu kuat sirah
enyut-enyutan, kurang sare. Ngagidig ka imah ki lanceuk, ngadon sare. Kakara
ge ngerejep satengah jam, kring HP di sada. Aya naon deui wae ieu teh, bari
keuheul HP teh dijawab. Ari pek teh ti Jakarta, kuring ditungguan Senen,
pagawaean nu poe Saptu kamari kudu diskusikeun. Kapaksa disanggupan.
Ngagoler deui, rek neruskeun sare, tapi teu bisa, tutungna ngageroan si
Cikal, ngajak balik ka Bandung deui.
Senenna kuring ka Jakarta deui, balik biasa peuting, jam 11. Poe salasa ka
kantor, digawe bari teu puguh da tunduh, tapi tamat tepi ka jam 5
sore.Peutingna langsung sare sore keneh, jam 9. Rarasaan mah ngalindur waktu
telepon disada. Pamajikan nu ngangkat, kuring nempo jam, jam satengah opat
subuh. Beungeut pamajikan kaciri serieus. "Muhun .....muhun ....", ukur kitu
weh ngajawabna teh. "Saha nu nelepon Mah?", ceuk kuring teh. "Kang Dadang
Pupus!", ceuk pamajikan teh. Kuring ngarenjag, langsung hudang, kukurilingan
di tengah imah, teu puguh cabak. Kang Dadang teh salaki kapilanceuk kuring
di Padasuka Bandung, Ceu Tati. Ka Ceu Tati, kuring geus asa ka lanceuk
sorangan, da manehna sarua jeung kuring, kungsi cicing di Pun Aki di
Sumedang. Atuh jeung carogena, batur ngobrol kaditu-kadieu. Kuring nyaho,
Kang Dadang teh keuna panyakit lever, tapi teu nyangka sagancang kitu
anjeunna ngantunkeun.
Tas shalat subuh, kuring langsung ka imah ceu Tati. Terus terang we epes
meer kuring kaluar, kuring reumbay cimata waktu ngajak sasalaman ka ceu
Tati, komo basa Embu (Ua Istri, ibuna Ceu Tati) ngagabrug, bari nyarios "
Ceu Tati ....Ceu Tati, karunya, mihape". Jam 10 siang, poe Rebo, kang Dadang
di kurebkeun. Kang Dadang dikurebkeun di Makam Kulawarga di Pasir leutik
Cimuncang.
Ari sugan teh moal aya deui kapapatenan teh, ari pek teh poe Saptu kamari
tanggal 11/3, telepon disada deui, tapi ayeuna mah jam 5 sore, ngabejaan Pa
Acim ngantunkeun di Sumedang. Pa Acim teh dulur keneh, cenah mah keur
budakna dicandak ku uyut, sina bunta-bantu di sawah jeung di kebon. Waktu
uyut Pupus, Pa Acim jadi ngurus kebon jeung sawah Pun Aki. Kulantaran pun
Aki geus pupus kitu deui putra-putrana, tinggal weh ...incu-incuna, kaasup
kuring. Atuh kuring teh ngagiridig deui ka Sumedang, nganteurkeun deui
layon, ka kuburan, nu saminggu kamari pun Bibi dikurebkeun teu jauh tidinya
....
Sanggeus beres ngurebkeun Pa Acim, lanceuk ngagereyem : " Leubeut pisan
minggu ieu mah, leubeut kunu maot!"
Baktos,
WALUYA
Recent Activity
19
New Members
30
New Photos
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Got Yodel?
Best Yahoo! Yodel
Give us your best
yodel and win!
Y! Messenger
Group get-together
Host a free online
conference on IM.
Yahoo! Photos
Share Your Photos
via email &
Yahoo! Messenger
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda