Assalamualaikum wr wb
Punten bade ngarewong sakedik ka baraya - baraya nu tos lami nganjrek
di iye wewengkon, sateacana sim kuring bade nepangkeun heula :
Wasta mah zuhdan, sareng ari panganjrekan mah di purwakarta tempat
pangumbaraan da kawitnamah ti bandung palih kidul, sim kuring rumaos
tamelar ka budaya urang sorangan nu beki dieuteh geuning asa asa
langkung kasisihkeun ku budaya urang luar, pribadosmah sok rees
sareng wararaas pami ngadangu dangding atanapi ngirilikna suling
sareng di gentrengan ku sora kacapi mah, komo pami waktos di jakarta
di tempat pangumbaraan kapungkur, sanaos caket oge, asa jararauh
panineungan.
Saleresnama sim kuring teh kapungkur oge tos ngirim kana iye milisteh
mung ku margi alamatna tos teu aktif deui da seer tuing nu lebet bari
tara di parios nya akhirna mah mudal saur bahasa murangkalih mah over
quota tea merennya.
Baraya sadayana punten iye nembe tepang tos nyarios panjang lebar
kiye sapertosa teu aya sopan santunya, neda di hapuntena we rumaos si
kuring mah ngaku urang sunda oge tapi kira terang kana undak usuk
basana seer tuing nuang nu araraneh.
Muhun atuh sateaanca mungkas iye serat bilih luhur saur bahe carek
sim kuring neda di hapuntena bilih aya sasauran anu kirng merenah
sareng hente dina tempatna punten we pang merenahkeun.
Permios Wassalamualaikum wr wb
Kahatur
zuhdan