Ceunah ieu mah ...
Mun urang boga Kartu Kridit, ku bank nu ngaluarkeun kartu,
hutang urang teh diasuransikeun. Premi-na mah nya boa nyoceng
tina iuran taunan atawa tina naon, pinter-pinterna bank we eta mah.
Nu jelas mah duit urang-urang keneh. Dimana urang teu bisa mayar, 
nunggak, Bank mah tuluy ngajukeun we ka Asuransi yen nasabahna teu 
bisa mayar. Asuransi tuluy nu mayaran hutang urang ka Bank.

Eta kasus Bad-Debt (hutang nasabah), ku pihak Bank tuluy dijual 
ka pausahaan jasa penagihan. Nu pagawe-na preman wungkul, tampangna 
sangar, bari heuras genggerong, keukeuh peuteukeuh, bari nyarita
teh sok bari ngancem, tah eta anu disebut Debt Collector teh.
Pihak Debt Collector meuli kasus urang teh paling oge hargana 
ngan 10% tina total hutang urang.

Mun geus ka pihak Debt Collector, justru sabenerna mah urang
bisa Nego. Tina total hutang 5 juta, bisa-bisa urang ngan mayar
2 juta wungkul. Da sakitu ge manehna geus untung. Pinter-pinter 
nyarita we. Da mun urang menta surat tugasna manehna ge moal bisa 
nunjukkeun. Najan sangar, nu kitu mah ngan gertak wungkul, jarang 
aya kajadian gelut atawa tindakan kekerasan. Urusan hutang 
piutang mah apanan urusan perdata, tapi mun nagih ku cara 
kekerasan mah geus kaasup tindak pidana. 

Ngan lolobana ari ditagih kitu teh, urang sok geumpeur tiheula,
tuluy we ngahindar.

Nya hadena mah..
boga Kartu Kridit teh dipake ngan saukur jaga-jaga dimana urang
perlu. Make saperluna, mayar sakuduna, tong minimumna wungkul nu
dibayar teh, bisi hutang tambah ngagunduk, tuluy ngubur urang
ku kapusing. heu heu...sarua jiga uing..



-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], "Suteja Amijaya" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Tos nyobian KTA kang Tan, sami da mahabu na mah. KTA=Kredit Tanpa 
Angsuran.
> heuheu..
> 
> Teja
> =========
> 
> Nyaan. Daek medu. Hayang pisan euruen KK teh.
> Tapi kumaha, da loba keneh kabutuh anu teu cumpon. Nya akhirna
> ngagilir-gilir we.
> Ke mun tos lunas sadaya, rek digunting (eh moal ketang lah) bisi 
we butuh.
> hehe
> baktos
> tantan
> 
> 
> 
> __,_._,
> 
> Nyaan. Daek medu. Hayang pisan euruen KK teh.
> Tapi kumaha, da loba keneh kabutuh anu teu cumpon. Nya akhirna
> ngagilir-gilir we.
> Ke mun tos lunas sadaya, rek digunting (eh moal ketang lah) bisi 
we butuh.
> hehe
> 
> baktos
> tantan
> --nu hayang eureun tina make KK--
> 
> Nyaan. Daek medu. Hayang pisan euruen KK teh.
> Tapi kumaha, da loba keneh kabutuh anu teu cumpon. Nya akhirna
> ngagilir-gilir we.
> Ke mun tos lunas sadaya, rek digunting (eh moal ketang lah) bisi 
we butuh.
> hehe
> 
> baktos
> tantan
> --nu hayang eureun tina make KK--
> ___
>


Kirim email ke