Wani ngagendutan abi ge ceu roro....wayah kiwari can ngalaman 
ngagesek kartu kredit. Pami ngagesek ka warung mah pernah...hehehe
Teu dibere rasa kabita deuih....duka acan ketang :) 
Mun rek ge ngabogaan kartu kredit karunya ka kang bohay ah bilih 
tambah lieur ngetang nol-na....heuheu



Neng Iva


--- In [email protected], "Reka Gayantika" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kade Teh Roro... eta mastaka bilih meotan... hahahaha...
> Nya eta, urang mah biasana Disiplin kana hutang teh, Tapina Teu 
Disiplin
> palebah mayar mah.
> Hutang anu bermasalah dina Kartu Kredit di nagara urang teh gede 
pisan. dina
> bulan Agustus tahun 2005 wae, NPL (Non Performing LOan/ Kredit 
bermasalah)
> Kartu kredit aya dina angka RP 1,088 Triliun... Tah coba... enolna 
sabaraha
> hiji... loba pisan euy... hihihihi...
> Nya ari rumasa can bisa mayar mah, ceuk kuring mah tong digesekeun 
atuh.
> Bolongan weh kartu kredit teh, trus jadikeun gantungan konci. 
hihihihi...
> 
> -Bohay-
> 
> On 15/03/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    Ngiringan ngadongeng, hoyong nganggo basa cohag ah…
> >
> > Kadenge keneh dina ceuli kuring sora Mang Jaya (dongeng Sunda di 
radio
> > taun 80an) nu halimpu…"Pamiarsa, cing Lagu naon nu 
pangraosna?"...
> > "Moal enya teu aya nu terang?..." tanya Mang Jaya sakali deui.
> > Mun seug jaman ayeuna pasti krung-kring nu ngajawab make 
telepon, hanjakal
> > haritamah baroraah telepon…paling ge ukur ku seeng heheh…
> > "Lagu Nganjuk! Pamiarsa…hehehe…". Dijawab ku Mang Jaya sorangan.
> >  Bener mun dipikir, Lagu Nganjuk teh lagu nu pangeunah-
ngeunahna. Lagu
> > mayarnamah huk-hék...tibabaranting sagala diketrukeun, ti nu 
badag nepi kanu
> > bubuk. Teu mahi, mbung atawa teu boga keur mayar, kapaksa ciga 
budak leutik,
> > ulin ucing sumput jeung nu nagih.
> > Keur urang Indonesia mah, ngahutang teh geus jadi sakulit 
sadaging komo
> > ieu mah ngahutangna ka nagri batur nu teing iraha lunasna, 
wariskeueun jaga
> > ka anak incu. Ari keur urang Sunda mah, ceuk kolot baheula ieu 
ge, nganjuk
> > teh diluluguan ku urang Tasik. Cik geura titenan lolobana tukang
> > ngiridit/nganjukkeun teh urang Tasik pan? Jeung geus kawentar 
kamana-mana di
> > sakuliah lemah cai yen mana-mana urang Tasik, pasti Tukang 
Kiridit… (harrr
> > maksa ieu mah, pis ah ka urang Tasik heheh). Issshh… ketang, 
matak
> > manganjukkeun ge urang Tasik mah balaleunghar.
> >
> > Jaman kiwari, nganjuk teh meuni babari, malahmah diteangan ku 
bank nu
> > hayang nganjukna ge. Nyieunna babari kari ngeusian formulir, mun 
gajih teu
> > mahi kari diakalan (sssstttt…eta ge dititah ku sales kartu 
kiriditna),
> > nungguan sakeudeung, jadi weh kartu ajaib. Ngan saukur ngabogaan 
hiji
> > plastik sagede KTP  kari  "digesekkeun"… (Sundana?Didaliskeun 
kituw?)
> > simsalabim! sagala nu dipikahayang kacumponan.
> > Mindeng kuring naek angkot, digigireun aya awewe geulis, ni 
ginding. Pas
> > rek mayar ongkos ka kenek…Gusti! Eta kartu kiridit meuni naratay 
dina
> > loketna, sugan mah unggal bank dianjukkan. Jadi inget ka 
babaturan nu
> > ngabogaan loket nu eusina ciga kitu. Watir, hirupna diudag-udag 
nepi ka
> > kantor sagala, antukna kaluar gawe. Telepon imahna dipegatkeun, 
ganti no HP,
> > ampir-ampiran pepegatan jeung salakina, cigana teh hirupna teu 
tumaninah.
> > Teu hiji dua babaturan nu kitu teh teh…loba. Malahmah babaturan 
adi kuring,
> > ngahaja kaluar ti pagaweanana, pesangonna keur nutupan urut 
kartu kiridit.
> > Pindah gawe ka Tangerang, pausahaanana kalahka bangkrut. Aya 
deui nu nepi ka
> > ngajual imah…Naudzubillahimindzalik!
> >
> > Alhamdulillah, saumur gumelah kuring can kungsi boga nu ngarana 
kartu
> > kiridit (makena ge teu nyaho-nyaho acan, tapi mun ningali mah 
osok, digesek,
> > trus ditandatangan). Salian ti ningali nu jadi babaturan loba nu 
jadi
> > sangsara balangsak, kuring inget mun kaburu paeh teu bisa mayar 
hutang
> > kumaha? Karunya kanu hirup…Barinage, keur nanahaon ari teu perlu-
perlu
> > teuing mah, sanajan diteleponan we ku sales kartu kiridit, meus-
meus kring
> > ti bank itu…meus-meus kring ti bank ieu. Sakapeung mah bari 
maksa tea,
> > ditembalan rada heuras,"Kalau begitu Bapak maksa saya untuk 
hidup konsumtif
> > dong… Maaf, Pak saya tidak butuh kartu kridit!".
> > Tong boro kuring, najan adi kuring nu geus garawe ge teu 
kabaritaeun
> > nyieun kartu kiridit. Masing kapi adi ge di kulawarga kuring mah 
sok silih
> > mapatahan, kamari basa adi kuring nu ti Jawa Timur ka Bandung 
mapatahan soal
> > ngahutang alias nganjuk.


Kirim email ke