Brunei Kang? ....enya Brunei teh nagara leutik tapi kacida 
beungarna. Tapi ieu sababaraha info nu kadenge ku kuring:

1. Brunei Darusalam, nagara monarki absolut. Teu boga parlemen.   
Sultan alias raja kawasa pisan, kitu deui kulawargana. Nagara Brunei 
lain milik rakyat Brunei, tapi boga Sultan jeung kulawargana. Rakyat 
biasa mah sapamerean we. Ieu mirip jeung karajaan Arab Saudi. 
Kontitusi Arab Saudi boga aturan 1/3 tina panghasilan nagara, jadi 
milik kulawarga Raja. Katurunan raja-raja di Arab Saudi, rek digawe 
atawa moal, meunang subsidi ti nagara nu jumlahna gede pisan 
dibanding subsidi keur rakyat biasa. 

2.Adina Sultan Brunei, Pangeran Jeffrey baheula sina ngagolangkeun  
duit karajaan Brunei. Kulantaran awuntah, sababaraha pausahaan 
Brunei di luar negri, rugi. Tapi Sang pangeran ukur dieureunkeun, 
teu dituduh korupsi, maklum ka adi. Aya carita soal awuntahna sang 
Pangeran ieu (rarasaan mah kungsi ku kuring di posting didieu). Sang 
Pangeran ngumpulkeun harem (selir) nu gareulis ti mana-mana, kaasup 
salah saurang Miss kecantikan ti hiji nagara "kulon".

3. Padumuk Brunei teu nepi ka sajuta urang. Tah saha nu ngagaja 
Brunei? tantara Gurkha!. Pasukan Gurkha teh pasukan karajaan 
Inggris, nu tantarana ti suku Gurkha di India. Pasukan Gurkha disewa 
ku karajaan Brunei keur ngajaga nagarana.

4. Lamun teu salah, di Brunei nu khotbah di Masjid kudu boga surat 
izin ti Sultan. Jadi teu siga di urang, nu khotbah di masjid bisa 
saha wae. DI Brunei moal aya nu khotbah nyarekan Sultan .... da 
sieuneun izin khotbahna dicabut! (plus dihukum).

4. Ah...loba teuing, nu jelas mah Brunei teh sarua jeung kacamatan 
di Jawa atawa kabupaten di Kalimantan. Tangtu we leuwih gampang 
ngatur padumuk nu jumlahna ngan 500 rewu urang dibandingkeun jeung 
Indonesia nu jumlah padumukna 500 kali lipatna (250 juta!).

Bade nurutan sapertos Brunei atawa Arab Saudi? Ari soal makmurna mah 
hayu ...ngan ari sistem nagarana mah, wah katingaleun jaman. Sistem 
karajaan Arab Saudi diramalkeun bakal runtag sabab loba rahayatna nu 
teu sugema. Ayeuna oge geus katingali, loba aksi kaheurasan di Arab 
Saudi nu sering diwartoskeun ku media. Tapi Brunei mungkin leuwih  
langgeng, sabab padumukna saeutik pisan, ngan ratusan rewu .....

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], Sawaluddin Sawaluddin 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Pelajaran dari Brunei Merdeka !
> 
> Hari Jum'at dan Sabtu pekan lalu, Brunei Darussalam merayakan Hari 
Kebangsaannya. Ada beberapa catatan yang menarik untuk kita cermati.


Kirim email ke