Entong boro-boro neng Ina, sim kuring oge resep maca dongeng-dongengna cep ndoell teh. Pikaseurieun pisan.
Pun Asep ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hoyong dongeng deui ? Ke, de ngorong heula...eh ngarang heula nya.. heu heu... ni resep Neng Ina mah kana dongeng teh.. -dul- --- In [email protected], "Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > hahaha... > lagi kang.. lagi dongengna... :)) > lucuuuu...... (bari ajrut-ajrutan jeung keprok) > > ----- Original Message ----- > From: ndoell > To: [email protected] > Sent: Thursday, March 15, 2007 12:10 PM > Subject: [Urang Sunda] Topi > > > Kabogoh si Jay ulang taun. Bingung si Jay teh, da kakara > bobogohan bari jeung teu apal rek mere hadiah naon. > Sanggeus tunyu-tanya ka babaturanana, Si Jay ahirna > mangmeulikeun Topi buleud keur si Neng. > > Ngahaja meulina oge di Mol, meh model jeung warna-na bisa > milih sakarep. Sanggeus pulah pilih, buru-buru si Jay ka kasir. > Ku sabab keur rame tea, si Kasir nu biasa mungkusan > barang-barang balanjaan teh rada riweuh, antukna > topi nu dibeuli ku si Jay patukeur jeung Calana Jero > nu dibeuli ku ibu-ibu nu ngantri disabeulahna. > > Kusabab teu sabar hayang buru-buru mikeun hadiahna, > si Jay teu mariksa deui eusi bungkusanana. > Kotret nyieun surat, tuluy diabuskeun kana bungkusan eta. > > Kieu eusi suratna teh : > > Neng... > ngahaja akang mangmeserkeun ieu hadiah keur Neng, kusabab > akang ge apal, Neng tara nganggo ieu mun angkat-angkatan. > Ngahaja milih nu warna beureum, kusabab akang kungsi ningali > neng nganggo nu warna hejo. Akang yakin ukuranana pasti pas, > sabab samemeh dipeser, ku akang dicobian heula. ukuran urang > pan sami. Hoyongna mah neng, akang nu mang-nganggo-keun ieu > ka Neng teh ... > > Mun Neng resep kana hadiah ti akang ieu, Dinten saptu engke > dianggo nya... > > salam sono. > -Akang- > > NB : > Oh enya Neng, model nu keur usum, ningali dina majalah > sareng pilem mah, nganggo-na rada diturunkeun, bari rambutna > katingali sakedik. > --------------------------------- Be a PS3 game guru. Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.

